--- In [email protected], Tata Mustasya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tulisan kuring di Kompas poe ieu.
>    
>   Baktos,
>   Tata

>    
>   Juga, ada peluang besar dari variabel eksternal karena usang dan
tidak kompatibelnya praktik korupsi ketika dihadapkan kompetisi global
yang kian ketat. 
>    

Nuhun Kang Tata,

Akur Kang. Perilaku koruptif teh masalah nu panggede na di nagara
urang anu ngaruksak sagala rupa aturan kahirupan.

Anu jadi masalah... kumaha carana sangkan urang bisa ngabasmi ieu
mentalitas maling tea? 

Kuring bingung mikirannana... Agama anu jadi sumber MORAL ge teu bisa
diandelkeun! Kalah hayoh nguruskeun momoralan saperi seks, bungkus
hulu jeung nu kararitu patut. Lebah urusan moral bokbrok anu enya2
ngaruksak kahirupan urang... ngan saukur lips service.

Make hukum positif? Da teu jalan... Komo mun boga duit (hasil korupsi)
... hukum urang bisa dibeuli.

Lieur puguh... muter di dinya2 keneh.

Kuring boga usul. Kumaha mun NYEWA manajer (ad hoc) ti luar salila 5
taun sina ngurus ieu nagara? Enya:  di eksekutif: ti mimiti lurah,
camat, bupati nepi ka presiden. Keun wae ari di DPR mah teu perlu
nyewa ti batur, tapi nyewa tukang kontrol wungkul. Terus anu oge
paling penting, dina widang hukum, oge kudu nyewa hakim, jaksa. Bae
pulisi mah... sabab mun jaksa na bener bisa ngontrol pulisi.

Sigana mah kudu dikitukeun bae? ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke