> 
> Leres Kang, tapi lamun teu salah mah dina buku Kang Miki disebutkeun
samemeh 
> huruf laten dipake dina Basa Sunda, tulisan2 dina Basa Sunda ditulis
dina 
> huruf Arab gundul jeung huruf Jawa. Wawacan2 biasana ditulis make
huruf Arab 
> (Aki kuring baheula sok maca wawacan nu ditulis ku huruf Arab gundul).  

Kang,

Huruf Arab botak alias Pegon tea kaitung lila dipake dina basa Sunda.
Mimiti dipake waktu Islam asup ka Tatar Sunda, sigana mah nurutan
seler sejen anu make iru huruf. Moal salah ngaheab ti karajaan2
Malayu. Terus terang kuring ngansaukur ngira2 he he he... euweuh dasar
teorina.

Aki kuring baheula sok aktif di PUI. Kaitung sok ngurus maj'lis Ta'lim
di Cipelang bareng jeung Ajengan Sanusi ti Gunung Puyuh. Tah... inget
baheula... pun aki loba nulis risalah kaagamaan teh make tulisan Pegon
oge. Malah titinggal hasil tulas tulis na ge mani sa kamar pinuh.
Hanjakal na teh geus alancur... Teu (sempet)kabaca  ku kuring ge. Ah
teuing... harita mah teu minat meureun? Kaduhung oge... ayuena mah.
Hanjakal kabeh geus beak.... Kuring anu belet mah! :((

Tah... lebah nini kuring ge, da teu bisaeun nulis aksara Laten he he
he. Mun tulas tulis teh ku Arab Botak.

Jadi... Arab gundul teh kaitung lila dipake ku urang Sunda. Generasi
bapa jeung indung kuring ge masih keneh sok make Pegon.

baktos,

Rahman

Kirim email ke