Kang Rusli n' sadayana :D, Waaah eta ide canggih oge Kang... walopun konteksna rada benten antara JumrohOnline sareng SholatOnline tapi ide na Kang Rusli brilliant :D... teu kapikiran ku abdi ;). Kinten-2na kumaha tah pandangan ti para ulama samodel kieu? Saleresna mirip oge apanan ... misalna kieu di Masjid anu ageung pisan misalna assume weh yeuh... mesjid 3 lante... taaah si Imam pan eta teu katinggali ku jamaah ti lante 2 atawa 3, solusina apanan si jamaah nonton tinu TV atawa infocus oge suantenna tina pengeras suara :D. Taaah pan eta oge SholatOnline oge dina scope anu langkung alit sapertos upami dina jaringan komputermah LAN (Local Area Network)... upami scope luas Wide Area Network (WAN) atawa global misalna Internet. Sholat Jumaah misalna di Arab teras di broadcast nganggo TV Turner teras dilebetkeun kanu komputer teras urang ngiringan sholat nuturkeun imam eta pan kirang langkung sami wae eta :D... dina scope ieu masjidna apanan alam dunia ieu :D.
Pan ceuk dina Alquran oge... Masjada Yasjidu Sujudan... masjid teh tempat sujud.. dimana wae anu tempatna beresih jeung layak dijadikeun tempat sujud nya mangga we... komo deui ieu afdol Imamna ti Arab langsung hehehe :D (kantun nganggo bahasa promosi ... upami imamna ti Arab eta pahala na langkung ageung :D). Ngan sigana bakal pakojot dina waktos sholatna anu jantena saluruh dunia sholatna bakal saragam jeung dina waktos anu sami :D. Kanggo bisnis mah lumayan oge tah... pan sholat sadinten 5 kali, assume weh minimal sholat jum'at wungkul, janten saminggu sakali :D... misal infax kanggo Sholat Jum'at Online eta Infax-na mung 2 USD weh... taaah sabaraha juta dollar tah revenue-na :D. Hehehe Kang Rusli pan dina dunia per ngacapruxan ... tinjauan nana tiasa ti sudut mana wae :D... upami ninggali tinu sudut praktis sareng oge bisnis pan lumayan yahuud eta ide Kang Rusli sareng ide abdi eta :D. Masalah prak-2an na mah nya namina oge ngacapruk hehehe... tiasa diajak heureuy tiasa oge diseriuskeun :D. Hihihi gelar Haji Online oge pan nu penting mah MABRUR :D... ceunah apanan aya tags kieu "ina akmalu bin niat" tea apanan :D... upami urang niatna tulus naek haji apanan ceunah ceuk Gusti oge bakal janten haji sanes :D... carana mah pan tiasa kumaha wae :D. Ceuk Bah Willy wae kapungkur anu caritaan biaya keur naek haji wae oge kulantaran karunya dipasihkeun ka tatanggi anu keur uubar ceunah janten haji oge malahan aya babaturannana anu ninggali keur naek haji diditu :D. Taaah nu kabayang ku abdi oge ieu aya ide nu sanesna (Ide Gelo oge yeuh hehehe)... ayeuna tos usum "virtual reality" kinten-2 kumaha tah... supados asa kaalaman pisan kitu... upami Naek Haji-na nganggo sistem "Virtual Reality" misalna urang datang ka hiji room teras sirah urang ditapelan kabel tea geuning... tos kitu di set programna .. naha bade haji plus atanapi haji biasa hehehe :D. Tujuan nana upami kaluar ti Virtual Reality Room / Chamber eta ... janten haji mabrur :D... engke attitude jalmina eta pada lalempeng :D. Nu tadina pada bararengkok jadi lalempeng :D. Benefitna pan biaya rendah dengan hasil anu sami :D. Experience langsung lewat virtual reality naek haji :D.... gelarna meureun Haji Virtual :D... tapi nu penting pan Mabrur na eta :D. Upami di Kartunami engke misalna Prof. Dr. H.vr. Cecep Gorbachev :D. Upami di komputerna mah saparatosna ngaliwatan H.vr eta sapertos di refresh atanapi di reset ka default na istilahna mah janten jelema anu beresih jeung lempeng deui sapertos anyar lahir :D. Teu gaduh iri dengki jail kaniyayah ratnasari :D. Salam Mahiwal, Misleuk, Nyeleneh, Gelo ;), Asep ----- Original Message ----- From: rusli To: [email protected] Sent: Monday, March 05, 2007 8:23 AM Subject: [Baraya_Sunda] Re: JumrohOnline - Sucikan Jiwa Dgn Melempar Setan :D. Kang Asep sareng para wargi sadayana Tah gaduh ide jumrol online teh sae , ditambihan deui Jumatan online jadi teu kudu ka masigit cukup dihareupen komputer colokkeun ka Internet. atawa solat baerjamaah online cukup solat hareupeun komputer , nu layarna gambar bujur imam keur solat !! Tah Kumaha mun kitu kang ?? Asa ku mahiwal teuing atuh siakang mah, Junroh teh disaruakeun jeng ulin game wae, atawa meuli kadaharan tina mesin tinggal ngasupkeun duitna, colok nudipikahayang. torojol wae kaluar !! kabayang wae gelarna na teh Haji Online (HO) . [Non-text portions of this message have been removed]
