Kang Asep Nu kreatif !!

Asa kurang merenah euy lamun agama rada dipengkolkeun teh !Tapina 
kuring boga ide anu hade yeuh jang kaalusan.
Ayeuna pan usum merangan Ublag, Jablay, atawa Wts . hayoh dibeberik 
diobrak abrik . tapina da tetep we aya da nu meuli jasana aya. 
tapina lamun nu meuli euweuh mah  meureun moal aya nu jualan. kos nu 
pinter mah hukum permintaan jeung penawaran tea.

Tah ayeuna kumaha lamun urang nyieun Virtual Reality jang hub Sex !! 
jadi langganan nu datang asup ka rohangan tinggal milih arek Ngexxx 
jeng saha, rek jeng artis, pejabat, da sesuai menu pilihan. tas pas 
di ENTER karasana kos jeng nu dipikahayang. kabayang meureun lamun 
ngexxx jeng artis nu diimpen bakal ngagibrig bari muranteng !!!

Mun cek agama MEUREUN asupna dosa onani atawa masturbasi lain Zinah 
beneran, aman tina panyakit ! ngan leuleus hungkul balikna.
Dina segi kauntungan bisa kairong atuh. hiji mesin paling lila ge 
nepi ka "utah" atawa "caah" paling ge 1/2 jam. ayeuna mesin na bisa 
hirup 24 jam . sakali dipake 100.000 sapoe sapeuting minimal bisa 1 
juta sapoe, sataun 365 juta. eta karak hiji mesin. lamun boga 100 
mesin , sataun bisa 365 Milyar. eh pohara !! mun ngalamun bari ker 
pangseng hayo pikiran kamana wae !!

baktos 
rusli


--- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Rusli n' sadayana :D,
> Waaah eta ide canggih oge Kang... walopun konteksna rada benten 
antara JumrohOnline sareng SholatOnline tapi ide na Kang Rusli 
brilliant :D... teu kapikiran ku abdi ;). Kinten-2na kumaha tah 
pandangan ti para ulama samodel kieu? Saleresna mirip oge apanan ... 
misalna kieu di Masjid anu ageung pisan misalna assume weh yeuh... 
mesjid 3 lante... taaah si Imam pan eta teu katinggali ku jamaah ti 
lante 2 atawa 3, solusina apanan si jamaah nonton tinu TV atawa 
infocus oge suantenna tina pengeras suara :D. Taaah pan eta oge 
SholatOnline oge dina scope anu langkung alit sapertos upami dina 
jaringan komputermah LAN (Local Area Network)... upami scope luas 
Wide Area Network (WAN) atawa global misalna Internet. Sholat Jumaah 
misalna di Arab teras di broadcast nganggo TV Turner teras 
dilebetkeun kanu komputer teras urang ngiringan sholat nuturkeun 
imam eta pan kirang langkung sami wae eta :D... dina scope ieu 
masjidna apanan alam dunia ieu :D.
> 
> Pan ceuk dina Alquran oge... Masjada Yasjidu Sujudan... masjid teh 
tempat sujud.. dimana wae anu tempatna beresih jeung layak 
dijadikeun tempat sujud nya mangga we... komo deui ieu afdol Imamna 
ti Arab langsung hehehe :D (kantun nganggo bahasa promosi ... upami 
imamna ti Arab eta pahala na langkung ageung :D). Ngan sigana bakal 
pakojot dina waktos sholatna anu jantena saluruh dunia sholatna 
bakal saragam jeung dina waktos anu sami :D.
> 
> Kanggo bisnis mah lumayan oge tah... pan sholat sadinten 5 kali, 
assume weh minimal sholat jum'at wungkul, janten saminggu 
sakali :D... misal infax kanggo Sholat Jum'at Online eta Infax-na 
mung 2 USD weh... taaah sabaraha juta dollar tah revenue-na :D.
> 
> Hehehe Kang Rusli pan dina dunia per ngacapruxan ... tinjauan nana 
tiasa ti sudut mana wae :D... upami ninggali tinu sudut praktis 
sareng oge bisnis pan lumayan yahuud eta ide Kang Rusli sareng ide 
abdi eta :D. Masalah prak-2an na mah nya namina oge ngacapruk 
hehehe... tiasa diajak heureuy tiasa oge diseriuskeun :D.
> 
> Hihihi gelar Haji Online oge pan nu penting mah MABRUR :D... 
ceunah apanan aya tags kieu "ina akmalu bin niat" tea apanan :D... 
upami urang niatna tulus naek haji apanan ceunah ceuk Gusti oge 
bakal janten haji sanes :D... carana mah pan tiasa kumaha wae :D. 
Ceuk Bah Willy wae kapungkur anu caritaan biaya keur naek haji wae 
oge kulantaran karunya dipasihkeun ka tatanggi anu keur uubar ceunah 
janten haji oge malahan aya babaturannana anu ninggali keur naek 
haji diditu :D.
> 
> Taaah nu kabayang ku abdi oge ieu aya ide nu sanesna (Ide Gelo oge 
yeuh hehehe)... ayeuna tos usum "virtual reality" kinten-2 kumaha 
tah... supados asa kaalaman pisan kitu... upami Naek Haji-na nganggo 
sistem "Virtual Reality" misalna urang datang ka hiji room teras 
sirah urang ditapelan kabel tea geuning... tos kitu di set 
programna .. naha bade haji plus atanapi haji biasa hehehe :D. 
Tujuan nana upami kaluar ti Virtual Reality Room / Chamber eta ... 
janten haji mabrur :D... engke attitude jalmina eta pada 
lalempeng :D. Nu tadina pada bararengkok jadi lalempeng :D. 
Benefitna pan biaya rendah dengan hasil anu sami :D. Experience 
langsung lewat virtual reality naek haji :D.... gelarna meureun Haji 
Virtual :D... tapi nu penting pan Mabrur na eta :D. Upami di 
Kartunami engke misalna Prof. Dr. H.vr. Cecep Gorbachev :D. Upami di 
komputerna mah saparatosna ngaliwatan H.vr eta sapertos di refresh 
atanapi di reset ka default na istilahna mah janten jelema anu 
beresih jeung lempeng deui sapertos anyar lahir :D. Teu gaduh iri 
dengki jail kaniyayah ratnasari :D. 
> 
> Salam Mahiwal, Misleuk, Nyeleneh, Gelo ;),
> Asep
>

Kirim email ke