--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> 
> Dina tetecean Candi, aya tulisan teu meunang nincak jeung teu 
> meunang asup. Pansaran nanyakeun kunaon make teu meunang ditincak ka 
> petugas nu make saragam. Ceuk petugas teh cenah, bisi candina tambah 
> rusak jeung ongkoh ngabahayakeun bisi katinggang batu.  Tapi, si 
> Petugas teh malah mere jalan :" Kalau Bapak boleh masuk, hati-hati 
> saja jangan memegang batu yang mau lepas".
> 

Lah, ngabibita euy Kang! ;))

Heubeul pisan kuring ka Prambanan teh. SIgana mah aya kana 10 taunan
ka tukang tah. Panasaran... siga kumaha ayeuna nya?

Loba nu ruksakna Kang? Lebar lamun nepi ka ruksak mah... Mudah2an we
teu parah pisan ruksakna. Hiji2 na kamonesan bangsa urang anu kudu
dipikraeueus ku urang balarea.

Ari urang Jepun tea... anu rek ngomean atawa kumaha cenah? Heuheuy
deuh... ngomean candi buatan moyang urang ge mani kudu ngamprah ka
batur! Ku naon bet kieu geuning? :((

baktos,

Rahman

Kirim email ke