--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Loba nu ruksakna Kang? Lebar lamun nepi ka ruksak mah... Mudah2an we > teu parah pisan ruksakna. Hiji2 na kamonesan bangsa urang anu kudu > dipikraeueus ku urang balarea. > > Ari urang Jepun tea... anu rek ngomean atawa kumaha cenah? Heuheuy > deuh... ngomean candi buatan moyang urang ge mani kudu ngamprah ka > batur! Ku naon bet kieu geuning? :((
Sigana mah rusakna rada parna kang. Nu katempo ku kuring, Candi Garuda (hareupeun candi Wisnu) rusak pisan, batuna maruragan. Ayeuna keur dipasang deui, da dikurilingan steger. Candi Brahma (katuhuen Candi Syiwa) batuna sarua maruragaan, pagalituk dimana-mana. Acan dibenerkeun deui. Candi Syiwa sorangan teu pati katempo rusak, ngan rohangan2nana ditunjal ku steger atawa awi. Ceuk nu ngurus didinya, sabenerna nu parna pisan mah Candi Syiwa, ngan teu katempo tiiluar. Ngarenovasina hese, sabab rusak dijerona. Soal Jepang rek ngarenovasi Candi, kuring teu terang jujutanana. NGan cenah ieu teh bantuan ti UNESCO. UNESCO nunjuk para ahli ti jepang, bubuhan maranehna pangalaman dina wangunan tahan lini. Nu daratang kamari (aya 20 urang), umumna ti Unversitas, tina kartu aranna, lolobana mah ti jurusan Arsitektur jeung arkeologi. Tapi nu nitah digawe ka kuring ti pausahaan konsultan Teknik di Jepang. Manehna hiji-hijina nu lain ti kalangan akademik, da nu sejen mah berendel gelar wungkul. Enya, kuring oge rada nyentug hate teh, naha ku urang jepun? ...naha salawasna kudu make bantuan asing wae? ....teu boga waragadna meureun, kapaksa kudu unjam-injeum heula .... Baktos, WALUYA
