Taun 2004, sakulawarga ka Prambanan, asana aya photona basa asup ka
Candi nu panggedena tea .... malah diteruskeun ku naek mobil kareta ..

taun 2005, di temu ilmiah tahunan JGS - japan geotechnical society,
aya nu presentasi pananglutikan bangunan angkor watt, ti mimiti
pananglutikan awal nepi ka rehabilitasina. basa break kuring sempet
ngobrol, poho deui ngaran prof.na aya kartuna nama, boa-boa ieu prof
tea nu ka prambanan oge.

ngobrolkeun imah (topik sejen), nu pakait jeung gempa, di tipi nhk
dibahas jelas pisan, yen salah sahiji faktor loba imah nu ruksak basa
gempa jogja teh nyaeta gelombang S tea, ditambah ku ayana "evolusi"
imah tea, ti imah tradisional nu tina kai, kana imah gedong.

merhatikeun imah nu tina kai, make bilik upamana, bisi katempo kalayan
jelas kumaha tihang nu nangtukeun imah tur raketna antara tihang jeung
balok (itungan gampang dina widang sipil, dianggap portal).

naek saeutik kana imah balong saat nepi ka imah duduk jandela, tihang
jeung balok ieu masih keneh katempo. waktu pindah kana imah gedong,
utamana imah gedong nu teu make tihang beton di unggal juru, fungsi
tihang ieu teh jadi leungit. lolobana imah nu gampang runtuh teh basa
gempa jogja teh imah gedong nu teu make tihang beton, malah kalolobana
mah ngan tumpukan batu batu nu disemen.

kana rohangan imah, di jepang imah nini-nini jeung aki-aki di kampung
utamana wc teh misah ti imah, jeung masih keneh aya nu make wc cubluk
tea. lamun imah atawa apartemen mah, kamar mandi jeung wc teh di
hareup. ilaharna mun asup teh, beulah kenca kamar mandi, aya antara
panto asup, terus lempeng ka ruang makan, sajajaran jeung kamar mandi
aya dapur. beula katuhuna mun teu kamar nya ruang kulawarga.

geus ah bisi loba teuing salahna ...

budhi
kurono kopo 241


On 3/6/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Minggu kamari kuring meunang milik, aya nu nitah digawe di kompleks
>  Candi Loro Jonggrang nu leuwih kawentar disebut Candi Prambanan.
>  Kuring dititah mantuan urang Jepang nu rek ngarenovasi Candi-Candi
>  di Prambanan nu rusak gara-gara lini gede di Yogya tea. Sabenerna
>  mah rada teu ngarti, naha ngomean candi kudu make urang Jepang
>  sagala, pan ieu mah jijieunan karuhun urang Indonesia (meureun
>  ketah, boa-boa baheula oge basa nyieun candi ieu teh ngondang ti
>  batur ...hehehehe). Tapi nu aranna milik ....ah teu kudu loba nanya,
>  nya digawekeun we. Pagawean kuring, biasa urusan taneuh, dititah
>  ngukur gancangna lambak S (gelombang S, Shear Wave) dina taneuh.
>  Ceuk ahli seismologi mah cenah lambak S teh lambak nu paling
>  ngarusak wangunan2 dina beungeut taneuh.
>
>  Basa tepi ka Prambanan, komplek Candi teh ditutup, ditingker pager.
>  Teu meunang aya nu asup salian petugas jeung nu digawe. Para
>  wisatawan domestik atawa ti luar ukur bisa nempo tiluar pager. Ari
>  kuring mah meunang asup, da nu rek digawe. Barang geblus asup,
>  kuring kaget di luhureun candi kukurilingan helikopter leutik, ari
>  sugan teh helikopter bener, sihoreng helikopter leutik, teu make
>  pilot, dikontrol ku remote kontrol dihandap. Helikopter teh
>  dipasangan kamera tiditu-tidieu. Nu ngontrol urang Jepang mamake
>  calana pondok, tatanggahan bari nyenyekel remote kontrol. Helikopter
>  turun-maek, sigana mah moto/milem Candi, ditempo dimana nu rusakna.
>
>  Kuring ditepungan kunu nyiapkeun liang bor nu engkena bakal dipake
>  pangukuran ku kuring. Nu ieu mah urang Indonesia, ngomongna
>  bebeledugan, kumaha we urang Jawa, terus ngajak sasalaman. Nyaho
>  kuring urang Sunda, manehna alewoh, yen kolot manehna ge asalna ti
>  Manonjaya Tasik, ngan lahir jeung gede di Yogya. Ngan terus terang
>  we, sanajan ngaku asalna ti Sunda ge, ari tileuleutik di Yogya mah,
>  nya persis we jeung urang Jawa, euweuh bedana. Si Bapa nu urang Jawa
>  asal Sunda teh menta dihampura, sumurna acan anggeus, kuring kudu
>  nungguan isukna deui.
>
>  Nyel teh rada keuheul. Nyaho kitu mah kuring moal rurusuhan indit ka
>  Yogya. Tapi kakeuheul kuring jadi lengit waktu ngareret kaluareun
>  pager. Di luar pager, loba jelema, kaum wisatawan, nu tempa-tempo,
>  putrat-potret. Meureun maranehna ge harayangeun siga kuring bisa
>  asup ka komplek Candi, ngan teu meunang. Kuring ngupahan maneh.
>  Terus kukuringan nempoan Candi. Candi nu panggedena disebut Candi
>  Syiwa. Di beulah katuhuna Candi Brahma, sedengkeun dibeulah kencana
>  Candi Wisnu. Dihareupna aya dua Candi deui nu leuwih leutik, ngan
>  teu apal aranna.
>
>  Dina tetecean Candi, aya tulisan teu meunang nincak jeung teu
>  meunang asup. Pansaran nanyakeun kunaon make teu meunang ditincak ka
>  petugas nu make saragam. Ceuk petugas teh cenah, bisi candina tambah
>  rusak jeung ongkoh ngabahayakeun bisi katinggang batu. Tapi, si
>  Petugas teh malah mere jalan :" Kalau Bapak boleh masuk, hati-hati
>  saja jangan memegang batu yang mau lepas".
>
>  Atuh kuring teh atoh, ngagiridig naek ka Candi Siwa, candi
>  panggedena. nu mimiti ditaekan teh tetecean beulah kenca (dibagean
>  kenca Candi) maksud teh hayang nyaho di jero rohangan candi teh aya
>  naon. Tapi di lawang rohangan aya steger keur nahan batu diluhur.
>  Kuring teu wani asup. Ngalongok we ka jero rohangan nu rada poek,
>  kaciri aya nu ngabelegbeg patung awewe, ......patung Dewi Loro
>  Jonggrang atawa Dewi Durga, Dewi istrina Dewa Syiwa. Lila kuring
>  nempokeun nu ngabelegbeg teh, enya ....asa araringet kana carita
>  wayang. Kop kana tustel, cepret nu ngabelegbeg teh difoto, kumplit
>  jeung steger nu nahan batu diluhurna. Deudeuh teuing sang Dewi, tepi
>  ka rek katinggang batu kitu .....
>
>  Baktos,
>  WALUYA
>
>  


-- 
budhi at urangsunda dot net

Kirim email ke