Hidup ah urang Bogor !!!

Tah ...tah... nambihan deui urang bogor teh ! asana sa alumnus kang 
dede mah ! SMANSA nya !!
Abdimah lulus teh taun 1992 kang !! ari goreng toge mah aya keneh ! 
mirah deui ! sok cobian ari ka bogor. 
Kang dede ayeuna dimana ?  sakola taun 70 an mah ayeuna tos huisan 
meureun !!
di gang selot masih kumplit kang katuangan urang baheula keur sakola. 
makana upami uih sok ngahajakeun nyindang, itung itung nostalgia !!
tukang soto , tk toge goreng, siomay, batagor !!  pokona kahayang mah 
dijejerkeun sadayana sameja !! dijamin moal tiasa uih !!! kamerekaan.

Kang Asep !!!

kamari basa tangkurak George Bush  ka bogor meureun ngiring sibuk 
atuh. kayungyun euy ! gaduh bisnisan mah .
upami hobi sigana sajalan kang , upami abdi ayeuna mah masih nu 
leuleutikan. kana motor. mung dina Vespa kaleresan dipercanten janten 
katuha Vespa Obsolete Group (VOG) di Balikpapan, nembe gaduh Vespa 
tahun 1961. dimodif  wae nganggo sidecar atanapi sespan. lumayan 
kanggo ngabebenjokeun budak. 
nyaeta geus kekerot hoyong mobil jeep teh. ngan pamajikan boga syarat 
cenah mah meunang boga mobil jang hobi tapina kudu aya mobil nu waras 
heula. alhamduillah gaduh mobil waras tapina can lunas !! kapaksa 
ngeureuyah heula ngalunasan mobil.

Kang upami babakan Fakultas teh pengkereun PMI nya ? sok lah upami ka 
bogor urang tepung . ngadu bako bari nukeuran pangalaman. sok atuh 
diantos no telp na. upami abdi mah 081346243061, atanapi 08125419674.

baktos 

Rusli 


--- In [email protected], Dede Ruhiyat <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Eh..geuning aya balad anu ti mBogor deui, sim kuring oge sok waas 
ari ka gang selot baheula ahir th 70an keur sakola di SMA I, naha aya 
keneh anu dagang "Geco" (toGe jeung tauCo)  di dinya? Kang Rusli 
angkatan sabaraha ti SMA I na? cag ahhhhh.
> 
> Aasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Kang 
Rusli,
>  Rorompok abdi di Babakan Fakultas - Duta Pakuan, pengkereun komplek 
dosen IPB baranang siang. Damel janten kuli di Hotel Salak The 
Heritage macul di bagean Business Development sareng Marketing 
Intelligence ;))...

>  Nu sanesna abdi resep motor kolot anu masterpiece samodel honda 
c70... kenging taun 74 nembe beres di recondition ti bengkel kantun 
ngecet :D. 
>  
>  Salam Oplod,
>  Asep
>  
>  

Kirim email ke