Kang R,
Salah sahiji pasifatan anu positif teh nyaeta POHO-an ;))... ka koruptor poho, 
dinyerikeun poho, jrrd.

Pasifatan anu positif sanesna:
1- Tabah pangaribuan (baca: tabah pisan)... di jajah ko bangsa sorangan oge 
tabah weh, aman tengtram kertaraharja.
2- Bageur pisan ... di sangsarakeun ku gegedug ge resep weh :D.
3- Ramah... ka koruptor asal loba duit ramah pisan... ka nu lain anu jujur 
usahana tapi katinggali miskin teu dipalire.
4- Perhatian ... merhatikeun pisan urusan nagara batur nepika demo jeung rek 
jihad sagala rupa... tapi urusan bangsa sorangan anu di kekesek jeung dikekeyek 
mah keun weh ceunah urang mah kudu tabah :D.
5- Sabar ... di kekeyek jeung di kekesek ge sabar weh ceunah.
6- Paling anti pisan pornografi jeung pornoaksi ... lamun keur loba batur tapi 
lamun keur sorangan atawa jeung babaturan na anu sahate nya geooool bebeh 
hahaha.
7- Pinter/ Smart ... smart pisan dina urusan pertilepan ;)).
8- Wanian ... wani ngarugikeun batur / nilep batur... wani nincak anu lain 
tincakeun ;)).
9- Persistent / keukeuh ... keukeuh we hayoooh korupsi :D...
10- Efektif n' efisien ... numpangkeun penumpang ngaleuwihan kapasitas kapal... 
pan ambeh efektif jeung efisien... bari oge terus ngurangan biaya maintenance 
keur nga-efisienkeun biaya ceunah ;)). 
11- Berehan ... mun ngurus sagala rupa... pasti weh barang bere wae.... ngurus 
ktp mere duit... ngurus sagala mere duit ;)). 
12- Santai ... sante weh dina sagala rupa termasuk keur digawe atawa ngurus 
nanaon weh ge sante we... lamun cepet teh ceunah eta mah terlalu sirius teuing 
;)). Mun bisa sante keur naon rurusuhan... pan biar sante asal salamet ... 
daripada rusuh ti susruk. Jrrd.

Kalemahan:
1- Panyakitan... lamun dituduh korupsi terus di tewak pasti weh... langsung 
ngadadak gering payah... tapi ka ondangan keluwarga mah dibelaan datang.. jrrd.

Taaaaah... salah pisan eta anu nyebutkeun bangsa urang teh loba pasifatan 
negatif... justru anu positif-na eta seueur pisan ;)).

Ulah salah Kang .... bangsa urang teh eduun pisan... diantawisna pan nilai 
IPK... Indeks Prestasi eeeeh persepsi Korupsi urang pan teu jauh ti 2 ... eta 
teh totonden bangsa urang gaduh pasifatan RENDAH HATI... teu sombong ;))... 
taaah Singapore, Finland, Amrik mah eta JAHAT sombong pisan matakna IPK-na 
leuwih badag ti urang :D.

Salam Uniquely Indonesia,
A


  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, March 19, 2007 10:16 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Karakter jeung pasipatan bangsa urang?



  Geuning loba na teh anu negatif wae pasifatan bangsa urang teh nya?
  Cikan... urang teangan naon kira2na anu positifna? Sok ah... barempug
  urang saliksik. 

  Nu pangheulana manggihan... meunang hadiah! ;)) RH


  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke