Bah W, Definisi Pemuda di Indonesia mun telepat mah umurna anu kirang ti 50 taun hehehe.. taaah duka Bah W masih tiasa ngiringan atanapi henteu? Upami abdi mah masih under 50 janten sapertosna mah masih tiasa ngiringan ;)). Mung hanjakal kamari teh nuju sibuk janten teu sempet ka Bali kekekek. Sigana mun ngajak Kang Rusli atanapi Kang Kumi asiiik tah :D. Upami Kang R mah tebih teuing ti Walanda... mendingan med-medan-na di Walanda wae .... duka tah Bah S mah hehehe :D.
Ngan abdi aya pertanyaan....eta panyakit kelamin eeeeeh panyakit mulut sareng anu tiasa nyebar lewat mulut naha teu sieun tatalepa kitu? Kumaha upami gaduh panyakit AIDS, TBC, Bronkhitis, jrrd ... tiasa teu nya nyebar lewat ciuman mulut? Disisi lain sisi positif na abdi kantos maos oge saurna ciuman lewat mulut oge sae pisan ... sehat kitu utamina mah kanggo pasangana anu matuh sareng sehat duanana... nya eta saliva/ air ludah teh sae pisan... tiasa mencegah sakit gigi, jrrd. Hilap maos dimana na mah :D. Mangkana upami di kampung mah ... upami raheut sakedik teh sok di ciduhan. Positif anu sanesna upami tos ciuman lewat mulut biasana diajar bahasana eta cepet pisan... saurna upami hoyong diajar bahasa inggris supados enggal lancar maka urang kedah neureuy ciduh urang inggris ;)). Makana kamari pas pendak jeung Aki-2 petualang anu fasih sababaraha bahasa... pas ditanya tips na teh... saurna Aki mah unggal ka luar nagri teh sok rajeun neureuyan ciduh awewe di nagara anu ku Aki didatangan ;)). Pangalaman Aki mah ceunah nu hese neureuy na teh urang Usbekistan ... soalna aki mah pendek sedengkeun si Usbekistan eta jangkung badag ... jadi kudu mawa taraje heula ceunah Jang ;)). Salam Nyium n' Neureuy Ciduh, A ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Wednesday, March 21, 2007 1:30 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Ciuman masal di Denpasar (SCTV) Duh .... hanjakal pisan kuring mah geus kolot, mun ngora keneh deuk ngiluan yeuh. Eh .....ketang, kuring mah lain urang Bali ..... [Nonton wartosna di SCTV] Baktos, WALUYA . [Non-text portions of this message have been removed]
