> Kang R,
> Ti kampung abdi gunung ieu teges katinggalina.... Malahan aya jalan
motong ngalangkung ka bantarujeg ;). Tah keur alit mah... Bari ngala
simeut disawah jeung rerencangan... Sok nyebut teh gunung ceremey.
Sigana mah leres tina buah cereme...biasana raos di damel rujak beubek


Kang Asep, komo ti Kuningan mah G. ciremai katingali ngabelegeder siga
tembok hejo raksasa ngahalangan jalan, ari abdi mudik sok ningali g.
Ciremai sapanjang jalan, ngan abdi mah teu pernah naek, paling oge
ngan nyampe satengah he..he..he..

Inget ka jaman abg, harita teh mantan kabogoh naek ka puncak gn.
ciremai, ari pas amengan ka abdi teh nyandak kembang edelwis ti puncak
gn. Ciremai, harita teh ku abdi dipajang dikamar, saking bingahna
kuabdi mantan kagogoh disupata "Trims atas kembangnya, kamu nanti akan
jadi dokter".  Ehhh... supata abdi ngajadian, ayeuna si mantan teh tos
janten dokter, matih geuningan supata abdi he..he..he..

Manehna teh nikah sareng urang Surabaya, inget abdi waktos udur,
karumah sakit Hang tuah Surabaya, pas ningali daftar dokter aya nami
manehna, atuh abdi teh balik deui, alim dipariksa kumanehna, sanes
dina film ongkoh, matak isin ujug-ujug dipariksa kumantan, akhirna mah
sampe ayeuna teu acan pendak deui jeung manehna, ngan kadang abdi sok
ngimpi kapendak, boa manehna oge pernah ngimpi kapendak sareng abdi
he..he..he..

Nn 

Kirim email ke