--- In [email protected], "Gian Subagiana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kumaha mu ku urang di pilih terus tah SBY jadi presiden tepi ka taon 2030 .. supados bisa ngabuktikeun impenan nana > >
Kang, Kuduna mah visi kanagaraan jeung kabangsaan ulah digayotkeun eh dicantolkeun kana visi hiji person pamingpin. Balukarna bisa gede. Conto mah waktu ieu rekiblik kakara diadegkeun. Soekarno visi na hade, ngan nya kitu... visi kanagaraan anu sakuduna dileupaskeun tina visi kapamingpinan kalah napel kana figur Kang Karno. Antuk na? ... Waktu Kang Karno tisoledat, kabeh jadi milu tisoledat! :(( Kang Harto, nya kitu keneh. Kuduna mah urang boga visi nagara anu ajeg. Pamingpin ieu bangsa WAJIB ngarojong ieu visi. Ketah... visi mah aya, ngan nya kitu teu kajalanan. Sila ka lima tina pancasila! Kawajiban pamingpin ieu bangsa lain ngimpi, tapi ngawujudkeun ieu visi. Pamingpin gunta ganti... vsisi sina tetep ajeg! Meureun ketah he he he... baktos, Rahman
