Kang R,
Tah eta ... ulah ngimpi wae kituh... hudaaaaang geus beurang... buru-2 
laksanakeun + gawe sing soson-2 tur rancage hade gawe :D. Percumeh deuuuuh 
upami loba ngimpi bari jeung teu hudang jeung teu di gawean mah :P.

Abdi nembe pisan masihan kuliah di AkParBogor ngeunaan Principle of 
Management... ceuk abdi teh taah di buku diktat tos aya deuh teori tengtang 
management mah mangga aos we deuuuh... ti baheula oge seueur teori mah... aya 
POAC ceunah Planning Organizing Actuating n' Controlling... Aya oge 
Actuating-na di gentos janten Leading... macem-2 sagudang teori tentang 
management ... taaah mending ayeuna dibalik saur abdi teh... kumargi management 
ieu teh penting pisan pakuat pakait sareng kahirupan urang sarerea... hayu 
urang ulik weh tina contoh-2/ presedence anu aya... abdi nunjukeun weh foto-2 
sareng strategi-2 ngeunaan bedana kumaha carana bangsa urang nga-manage kota 
atawa nagarana... dibandingkeun jeung nagara maju diantawisna anu nalaktak 
pisan teh Dubai... taaaah terus di ulix conto-2na eta ;)).

Nu menarik ceuk abdi teh ka para mahasiswa + i... nagara batur mah sagala teori 
anu alus teh dijalankeun...  jadi weh nagarana jalan... di urang oge sami 
dijalankeun ngan nya eta jalan ditempat atawa jalanna malipir kasisi janten 
sering tah tisorodot atanapi ti kosewad na ;)).

Sapertos pas gara-2 banjir ... loba nu ngomon hoyong mindahkeun Ibukota nagara 
ti Jkt ka luar kota anu anyar... ceuk abdi teh... putusan mindahkeun Ibukota 
mah masalah gampang tapi naha leres eta masalah anu utami? Ulah-2 masalah 
utamina management kota-na anu kirang canggih... ulah-2 mun dipindah ka luar 
kota oge bakal jadi sapertos jakarta deui in the year to come lamun 
management-na nya keneh- keneh kehed alias sami mawon kitu-2 keneh carana :D. 

Soalna ... saur abdi teh kabarudak... jaman baheula nuju Walanda masih 
nga-manage jeung ngaoperasikeun Batavia ~ Jakarta... ieu kota teh edun suredun 
ajiiiib pisan... kakoncara ka janapria jeung kawentar ka angin-angin... ayeuna 
oge kawentar oge ngan nyaeta ... kawentar ku acak kadut na :D.

Dina widang pariwisata weh... eta tatangga urang Uniquely Singapore, Malaysia 
Trully Asia, Dubai, jrrd... eta ajiiib pisan tiasa ngamanage pariwisatana sae 
pisan... kumaha ngaorganize service-na, kanyamanan nana, kaamanan nana, 
fasilitasna, hiburan nana, jrrd... di urang tong jauh-2... rek indit-2an make 
pasawat wae geuning eta Garuda oge peringkatna ngan no. 2 .. kulantaran nya eta 
pan HSES Management-na paburantak... maintenance-na oge meureunan kumargi 
positif dina urusan efisiensi jadi weh sagala di pepet hehehe.

Mudah-2an deuh... ari tos ngimpi mah panginten pas hudang langsung seger jeung 
buru-2 di GEOL tah eta mimpi teh. 

Salam Hudang,
A

----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, March 23, 2007 5:27 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: ngimpi 2030?


  Kawajiban pamingpin ieu bangsa lain ngimpi, tapi ngawujudkeun ieu visi.

  Pamingpin gunta ganti... vsisi sina tetep ajeg!

  Meureun ketah he he he...

  baktos,

  Rahman


  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke