Cenah Indonesia di Dewan Keamanan PBB nyatujuan kana Resolusi PBB soal sanksi kana Nuklir Iran. Loba nu ngajenghok, sabab di dalam negeri mah nyangka Indonesia teh bakal teu satuju atawa paling henteu abstain. Waktu Presiden Iran ka Indonesia, Indonesia nyebutkeun ngadukung kana Nuklir "eukeur" damai urang Iran. Kari- kari ayeuna malah sabalikna.
Naha kunaon nya? sieun ku Amerika kitu? ....atawa bisa wae Indonesia dilobby nagara-nagara Arab nu sieun ku Iran? Ah ...nya duka teuing. Ngan biasa, soal nu kieu, di lembur mah sok jadi ribut, malah DPR rek ngainterpelasi pamarentah sagala. Enya mangga bade raribut oge, ngan kade kapopohokeun, di Indonesia oge loba keneh urusaneun : busung lapar, flu burung, banjir, lini jrrd. Masalah Nuklir Iran mah cukup dipadungdengkeun we, teu kudu DPR "nyereteng" ka pamarentah, meak-meakeun pikiran jeung tanaga. Baktos, WALUYA [Keur pusing, teu bisa masak, gas elpiji di Bandung ngadak2 "leungit", teu aya nu jualan]
