Kang, Puguh eta pisan anu jadi kasieun ayana PLTN di RI teh. Urang mah bisa nyieun... TEU bisa miara. Lian ti kitu... kumaha mun aya lini badag atawa gunung bitu?
Hiji deui anu jadi kapaur teh. Runtah nuklir rek dikamanakeun? Boga kitu teknologina? Nya PASTI kud ngurihit deui ka nu jegud! Runtah biasa jeung runtah imah gering ge geuning teu bisa nguruskeun? Malah mah ceuk cenah, runtah radioaktif urut imah gering ge dipiceun kitu wae! :(( Pesimis nya? Hanmpura we... da kitu kanyataanana geuning. R --- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [email protected], "Aasep" <asep4x4@> wrote: > > > > Kang R sareng Bah W, > > Indonesia pan gaduh program Nuklir oge ;).... supados smooth engke > > program nuklirna taaaah kedah mulai nyaketan nagara-2 kulon supados > > engke program urang tiasa di approve > > Enya sigana mah, ngarah urang dibere teknologi nuklir ...hehehe. Da > reaktor nu di Bandung ge buatan USA. Kuring oge rada sieun kana nuklir > teh sanajan kungsi "ngarampa" isotop radiaoaktif ge, baheula waktu > masih sakola. Bangsa urang mah lolowodeh dina barang piara. Ayeuna ge > geus kaciri, pan loba kapal udara tibeubeut, da miarana disaruakeun > jeung mobil angkot .... > > Baktos, > WALUYA >
