Waaaah rugi pisan atuh Bah ... tiasa reproduksi tapi teu taeun heula mah :D. Justru anu dipikahoyong ku jalmi ayeuna mah hoyong taeun tapi teukedah dugi reproduksi tea... mangkana berkembang alat kontrasepsi tea :D.
Pas ngobrol sareng Kang Herwig kamari... aya anu menarik pas anjeuna kukurilingan di Africa, Pedalaman leuweung Kalimantan, Sumatera, Sulawesi jsb di era taun 70-80-an dimana waktos harita leuweung endonesa kacida endahna... waktos anjeuna harita nganggo talikopter atanapi pasawat kanggo survey waaaah bener-2 saurna leuweung tropis teh bener-2 sapertos karpet hejo... ngan nya eta lami-2 pamarentah muka logging tea anu akhirna ancur lebur weh sadayana... anjeuna kantos masihan pandangan supados loggingna teu kabina-2 nganggo selecting cutting method saurna tapi da nya eta geuningan lebet kanu laci wungkul eta konsep teh :(. Pas oktober taun 2006 kamari ka Kalimantan deui... euleuh ceunah ayeuna mah mani tos pacorengcang ... kantun kawasan lindung tea we.... tos teu sapertos green carpet jaman baheula tea :(. Foto-2 pendakan abdi kamari sareng Kang Herwig tiasa di toong di dieu http://aasep.multiply.com/photos/album/56. Tah anjeuna gaduh pangalaman harita di taun 70-an eta pas lebet ka leuweung Kalimantan pendak sareng suku pedalaman sempet ngadangu ti pupuhu suku eta ngeunaan lahirna manusa tea anu nyarioskeun saurna yen istri teh anu ngandung jabang bayi... tapi anu masihan ruh atanapi spirit istilahna Kang Herwig mah... ti lalaki. Tah abdi janten emut istilah kolot abdi jaman kapungkur kieu saurna ... "Indung Anu Ngandung Bapa Anu Ngayuga" ku abdi di terangkeun ka Kang Herwig yen di Sunda oge kirang langkung gaduh pamikiran sapertos kitu... saur Kang Herwig ... yes yes yes saurna. Pada dasarna mah panginten budaya anu aya di endonesia jaman kapungkur mah mirip-2 da sami-2 istilahna anjeuna mah polinesian style tea... malahan mah di Jerman oge saurna ceuk anjeuna pendapat ngeunaan eta mah kirang langkung sami. Taaah panginten ku ayana ieu panalitian yen anu ngayuga-na tiasa sanes Bapa atuh panginten BREAKTHROUGH pisan nya Bah... pasti menarik kanggo dititenan kapayuna. Salam, A ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Thursday, April 19, 2007 11:54 AM Subject: [Baraya_Sunda] Engke mah teu butuh lalaki? Ceuk warta Tempo Interaktif, elmuwan Jerman geus hasil nyiptakeun cikal bakal SPERMA tina sumsum tulang lalaki. Soal ieu teu pati masalah, ngan nu jadi masalah, cenah AYA KAMUNGKINAN sperma oge bisa diciptakeun tina TULANG SUMSUM AWEWE. Waduh ...lamun enya teh bisa, teu perlu lalaki deui atuh nya, keur reproduksi jelema. Jelema engke siga toke di Australia nu teu perlu jalu, da bikangna bisa endogan nu bisa megar, teu kudu heula "taeun" jeung toke jalu. . [Non-text portions of this message have been removed]
