--- In [email protected], Bambang Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sanajan kitu, lamun dasar teorina tina Quran atawa kitab sejen, > kudu ati-ati lantaran kekecapannana biasana boga harti anu henteu > saujratna. Kekecapannana mindeng disaluyukeun kana tingkat > pangaweruh dina jaman Quran atawa kita diturunkeun.
Sapuklah kang BS. Kuring mah inget kungsi "bebeakan" hog-hag dina millis jeung salah saurang ulama Makassar. Pasalna manehna "ngabaliutkeun" soal teori "big-bang" jeung asal muasal alam semesta kana kitab Suci (Al Qur'an). Manehna ngambek, pedah ceuk kuring teh, ulah nyambung2 soal pangaweruh jeung agama, da ayeuna aya kacindekan cocog, tapi acan puguh kahareupna. Teori dina elmu pangaweruh bisa wae robah saluyu jeung bukti-bukti nu kapanggih. Kuring kungsi maca artikel Karlina Supelli di Kompas baheula (waktu masih make aran Leksono, da ayeuna mah geuning dipiceun, si Eteh teh geuning pipirakan jeung Ninokna) make judul "Dimana Peran Tuhan?". ARtikel eta, nyaritakeun soal teori Bigbang nu ayeuna rada robah. Robahna teori ieu, ngabingungkeun kaum agamawan nu geus yakin pisan kana teori "Big bang" nu tiheula. Artikelna geus lila ...poho deui eusina mah jeung hese nginget-ngingetna...maklum kuring mah diajar fisikana kacingcalang ....hehehehe Baktos, WALUYA
