Baraya, sakadar rek ngabangbrangkeun hate, urang ngadongeng masalah sejen. Dina topik di handap kuring ngadongeng masalah 'alo'kuring anu rek asup IPDN tea. Untung teu jadi.
Waktu keur nulis, karasa aya nu teu bener. Ngan teu kapikiran harita. Barang dibaca deui, breh teh nu salah na. Sabener na mah lain ALO, tapi istilah na teh kudu SUAN meuerun nya? Sabab eta budak teh anakna adi kuring. Kuring mah teu boga alo, sabab kuring panggede na. Kabeh kudu nyebut UA kade lain OA he he he... Cikan, aya istilah kakulawargaan sejen dina BS? Urang nyieun daftar... ngarah jelas. Ulah pakepuk deui make ieu istilah siga kuring! baktos, Rahman
