> "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nuhun Kang,
> Mudah2an we ieu trend teh sing manjang. Mun bisa mah sina 
> nambahan. Agama mun dijadikeun ideologi politik mah.... BAKAL 
> piriweuheun! Asa can pernah ningali atawa ngadenge hiji nagara 
> teokratis anu bisa ngama'murkeun rahayatna sorangan. Komo rahayat 
> batur mah!

Kang RH, hasil polling ieu teu pati jauh jeung hasil dua Pemilu 
kamari, Partey-partey Islam ngan dipilih kurang ti 20%. Jadi 80% 
urang Indonesia tetep satia kana ideologi nagara nu ayeuna, 
Pancasila.

Ngan masalahna, meureun ieu oge, umumna nu 80% teh jalma caricing 
teu pati loba omong (silent mayority) jeung umumna nu caricing di 
pasisian  atawa relatif  jauh ti pusat pamarentahan (Jakarta). Beda 
jeung nu 20%, vokalis, barudak ngora jeung caricing di kota-kota 
gede (Jakarta jeung sabudeureunan, Bandung ..jst).  Jadi 
sorana "gede" pisan, handaruan kadenge kamana-mana .....

Tah 2 taun deui, bakal aya Pemilu deui (2009), duka kamana trendna, 
tapi ari ningali trend Pemilu ti taun 1955 tepi ka 2004 mah, 
ah .....sigana moal jauh beda.

Baktos,
WALUYA


 

Kirim email ke