Bah W, Abdi oge gaduh pamikiran anu sami :D... mangkana Karajaan Sunda mah adem ayem wae ti kapungkur... tara nyerbu misalna ka mana kitu... nu aya mah dagang weh jeung sasaha... malahan jeung portugis we oge dagang we... anu disalah artikeun ku jalmi ayeuna saurna Sunda di Jajah Portugis hooooor ti belah mana... nu aya mah ngadamal international trading agreement ... nu jelas mah dina bukuna Kang Herwig termasuk ancient oge eta perdagangan sunda jaman harita... dugika mumi wae rempahna pan saurna ti urang anu di anggo nyocokan irungna :D. Mung nya eta geuningan... gara-2 kahadean urang sunda ieu... tungtungna... Jati Kasilih Ku Junti... gampil pisan diperalat na teh :D... termasuk Kodam III Siliwangi oge hehehe... diperalat weh dipiwarang numpasan pemberontakan di daerah :((. Di adu domba sareng Aceh... padahal urang Aceh mah hurmat pisan ka Urang Sunda kumargi kapungkur pan Cut Nya Dien di jaga diriksa ku Urang Sunda... ayeuna oge makamna pan di Sumedang keneh ;)).
Upami teu lepat mah Lembu Agung lanceukna Gajah Agung teh... milih janten Resi di Tembong Agung tea nya Bah? Abdi kantos maos carita sajarahna Kang Saleh Danasismita saurna nuju jaman Karajaan Sunda ngadeg... aya sababaraha daerah/ patempatan anu ditetepkeun janten tempat pengembangan science atanapi filsafat :D... disebatna Mandala dimana didinya ngumpul jami-2 tukang mikir jrrd :D. Tah salah sahiji Mandala-na teh saurna di wetan... tepatna di sisi walungan Cimanuk nya panginten Desa Cipaku tea ayeuna mah... tempat anu ayeuna disebat Makam Eyang Aji Putih tea... anu saurna mah eta teh wargina Siliwangi tea. Sigana mah kitu... kapungkur oge panginten Aji Putih oge awalna mah Resi... teras putrana nya eta Prabu Tajimalela atanapi Resi Cakrabuana teh anu mulai ngabentuk karajaan :D. Taaah panerusna nya putrana anu ka- 2 nya eta Gajah Agung tea. Sementawis Lembu Agung mah tetep janten Resi. Tangtosna harita mah ageman na sanes Islam hehehe... tapi Oldest Hindu tea panginten :D. Taaah ayeuna eta Mandala tempat kapungkur para cendikiawan sareng filsuf tapa di eta patempatan bade di eleb di rurug ku cai :((. Nya duka teuing tah janten heunteu na mah... da kapungkur oge saurna tos santer angger weh teu janten :D. Malahan mah anu kapungkur nipu rahayat karorupsi termasuk tidak terbatas kepada Bupati Sumedang kapungkur pan kenging mamala-na... harta bendana teh seep weh ludes oge saurna mah ... dangu-2 na mah aya oge anu kapungkur nilep artos rahayat didinya dugika ludes bumi, pabrik beas, jsb. Da nya eta panginten... melak cabe janten cabe melak bonten janten bonteng... Gusti Nu Maha Murbeng Alam mah salalu ngajaga hukum-2na :D. Contona tong tebih-2 weh... kapungkur Karajaan Sunda diancur leburkeun ku Banten, Cirebon sareng Demak gara-2 greedy hoyong kakawasaan... cobi eta ku kawasaan Gusti Alloh oge pan kamana eta Karajaan ayeuna??... Cirebon weh geura... abdi kamari maos dina Majalah Keris saurna pamorna tos teu aya... terus raribut eta antara ahliwaris na teh ;)). Teras tong tebih-2 deui... GAJAH MADA si super maruk bin greedy alias sarakah... pan tetep weh geuningan maeot berkalang tanah... bari gaduh AIB / SCANDAL anu saumur- umur moal bisa dihapus... yen manehna kapungkur LICIK pisan NIPENG Karajaan Sunda harita :((... Dyah Pitaloka Citraresmi sareng ramana dugika perlaya :((. Gara-2 ku kasarakahan tea. Pan aya paribasa... harimau mati meninggalkan belang... gajahmada mati meninggalkan aib hehehe :D. Taaah kalicikan GAJAH MADA oge termasuk tidak terbatas ka Karajaan Sunda wungkul... ka Bali oge sami... aya tokoh namina KEBO IWA saurna mah PATIH BALI anu edun suredun sakti mandra guna... anu akhirna perlaya gara-2 di tipeng Gajah Mada oge... cobian geura amengan ka Pura Jagatkarsa di Bogor teras ngobrol sareng Pemangku Adat namina Darso hehehe... anjeuna pasti nyarios keun tah tentang sajarah kageloan Gajah Mada :D. Urang Sunda upami megang teguh KASUNDAAN secara KAFFAH upami janten RAJA pasti bakal majeng :D... tapi upami Urang Sunda anu mung saukur SUSUNDAAN wungkul nya panginten sami mawon sareng nu sanesna :D. Insun Medal Insun Madangan, kitu saurna cariosan Prabu Tajimalela teh saparantos tapa... Kuring Lahir Keur Nyaangan Alam Dunya :D. Mangkana saur Aki abdi kapungkur mah cikal bakal elmu Kasumedangan teh tina elmu Aji Putih tea... Namina Elmu Kaputihan (Bodas ~ Beresih ~ Teu Iri Dengki Jail Kaniyayah Ratnasari ;))... ngabersihkeun diri tina rereged atanapi kokotor/ kagorengan :D... upami urang aya dina jalan BENER ~ STRAIGHT ~ LURUS teu lunca linci luncat mulang udar tina taligadang... maka urang bakal Ora Kena Lara Ora Kena Pati saurna... moal tiasa gering atanapi tersakiti oge moal tiasa maot atanapi dimaotkeun :D... eta teh SILOKA ... hartosna... nya eta Gajah Mati meninggalkan Gading Harimau Mati Meninggalkan Belang... Jalmi anu berkontribusi masihan Kahadean pasti bakal dikenang kusasaha sebage HERO ... Namina bakal Hirup Teras Moal Maot ... Harum seharum bunga kasturi tea :D. Walopun SEJARAH bade ditutup tutupi ku sagala rupi... tapi tetep weh lami- lami mah bakal ka bongkar :D. Contona eta Bukuna Kang Herwig... tulisana Kang Saleh Danasismita... oge nu sanesna. Mudah-2an mah isuk jaganing geto mah Urang Sunda tiasa caruringhak. Sanesna kitu anu disebatkeun dina Wangsit Silihwangi oge :D... keun wae ceunah ngaing indit... tapi ke tinggali dipikahareupeun... bakal aya mucunghul sirung-2 anu nanjeurkeun Kasundaan?? Leres henteu nya?? Manawi kasepuhan didieu tiasa deui ngaguar ngeunaan Wangsit Silihwangi tea ;)). Salam Kasundaan eeeh Susundaan weh ah ;)). A ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Wednesday, May 30, 2007 3:14 PM Subject: [Baraya_Sunda] Embung jadi Raja? Cenah, urang Sunda teu pati resep jadi nu kumawasa oge teu resep popolitikan, naha bener kitu? Ieu aya dongeng soal karajaan Sumedang Larang baheula. Cenah ceuk "Layang Darmaraja" , baheula nu kawasa di Sumedang Larang teh, Prabu Tajimalela nu gaduh putra dua urang : Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung. Ku Prabu Tajimalela dua putra ieu diserenan tugas, nu saurang jadi raja, nu saurang deui jadi patih. Hanjakal pisan dua-duana NOLAK JADI RAJA. Prabu Tajimalela jadi bingung putrana saurang oge teu daek jadi Raja. Nya anjeunna masihan ujian ka kadua putrana, sing saha NU ELEH dina eta ujian ieu kudu daek jadi Raja (jadi lain nu meunang!). Cara ngujina, dua putrana dititah angkat ka Gunung Nurmala, terus kudu ngajaga PEDANG jeung DUWEGAN. Kulantaran Prabu Agung halabhab pisan .... kapaksa duwegan teh dipurak, caina dileueut. Prabu Agung dianggap ELEH, kulantaran kitu anjeunna jadi Raja Sumedang Larang. Bener henteuna ieu dongeng, nya duka teuing. Ngan nu jelas, urang Sunda teu pati beuki kakawasaan, geuning geus aya dongengna ti baheula keneh .... [Bahan : tina Wikipedia] Baktos, WALUYA . [Non-text portions of this message have been removed]
