Ieu teh meureun aya leresna..da eta oge pun Aki
almarhum..ari keur gegelendeng..lamun nitah ka
abdi..terus abdi teh rada nyaut.." Aduh Ki...ke heula
cape..". Pokna teh " Nya enyalah..memang hirup teh teu
cape...jari Raja oge...cape !".....

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Cenah, urang Sunda teu pati resep jadi nu kumawasa
> oge teu resep 
> popolitikan, naha bener kitu? Ieu aya dongeng soal
> karajaan Sumedang 
> Larang baheula.
> 
> Cenah ceuk "Layang Darmaraja" , baheula nu kawasa di
> Sumedang Larang 
> teh, Prabu Tajimalela nu gaduh putra dua urang :
> Prabu Lembu Agung 
> jeung Prabu Gajah Agung. Ku Prabu Tajimalela dua
> putra ieu diserenan 
> tugas, nu saurang jadi raja, nu saurang deui jadi
> patih. Hanjakal 
> pisan dua-duana NOLAK JADI RAJA. Prabu Tajimalela
> jadi bingung 
> putrana saurang oge teu daek jadi Raja. Nya anjeunna
> masihan ujian 
> ka kadua putrana, sing saha NU ELEH dina eta ujian
> ieu kudu daek 
> jadi Raja (jadi lain nu meunang!).
> 
> Cara ngujina, dua putrana dititah angkat ka Gunung
> Nurmala, terus 
> kudu ngajaga PEDANG jeung DUWEGAN. Kulantaran Prabu
> Agung halabhab 
> pisan .... kapaksa duwegan teh dipurak, caina
> dileueut. Prabu Agung 
> dianggap ELEH, kulantaran kitu anjeunna jadi Raja
> Sumedang Larang.
> 
> Bener henteuna ieu dongeng, nya duka teuing. Ngan nu
> jelas, urang 
> Sunda teu pati beuki kakawasaan, geuning geus aya
> dongengna ti 
> baheula keneh ....
> 
> [Bahan : tina Wikipedia]
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 



       
____________________________________________________________________________________Luggage?
 GPS? Comic books? 
Check out fitting gifts for grads at Yahoo! Search
http://search.yahoo.com/search?fr=oni_on_mail&p=graduation+gifts&cs=bz

Kirim email ke