Ari kuring mah ngahartikeun ieu dongeng / carita munjung ngarupakeun hiji silib 
anu ngagambarkeun kaayaan / kalakuan jalma-jalma sarakah anu henteu inget ka 
turunan. Contona disebutkeun yen lamun hiji jalma munjung manehna bakal meunang 
harta anu tanpa batas tapi syaratna kudu nyebakeun anggota kulawargana tepi ka 
beak. Lamun geus euweuh anu bisa disebakeun, dirina sorangan anu bakal jadi 
sebana. Bandingkeun jeung kaayaan ayeuna, saurang konglomerat ku kasarakahanana 
, manehna ngabukbak leuweung tepi ka bulistir, ngorowot taneuh, ngabongkar 
gunung tepi ka dasarna (siga nu nyegik), akibatna pas hujan, datang banjir, 
longsor nu menta korban nu lain saeutik (jadi wadal kasarakahan). Akibat 
saterusna generasi nu bakal datang teu kabagean nanaon, sabab sakabeh kakayaan 
alam beak digerejud ku jalma nu munjung kana napsu kasarakahanana tea.

Jadi sigana mah ngahaja karuhun urang baheula nyiptakaeun dongeng / carita ieu 
teh keur pieunteungeun urang, supaya inget ka turunan. Meureun kitu oge.
 
baktos
 
Dadi



----- Pesan Asli ----
Dari: surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 31 Mei, 2007 8:10:59
Topik: Re: [Baraya_Sunda] Re: Bade Tumaros Perkawis Munjung ?
_,_._,___


      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke