Enya sae Kang Dadi lamun ditafsirkeun kitu. Tapi maslahna aya nu 
percaya kana munjung jeung nyegik teh. DUa-tilu taun katukang di 
Bandung aya rumor, cenah aya bagong kukulamprengan di gang-gang di 
daerah Tegalega / Jl. Mohamad Toha. Hiji waktu eta bagong teh 
beunang dikarepung, janggelek jadi jelema nu pinuh ku tatu da tadi 
bagongna digarebugan. Jalma nu ngajirim jadi bagong teh, kulantaran 
tatu dikirim ka RS Rancabadak. Rumor ieu tatalepa kamana-mana tepi 
ka loba nu ngadeugdeug ka RS, hayang ningali bagong kajajaden. Nya 
katipu da ukur rumor ... 

Di Jakarta aya babi kukulamprengan di perumahan duka leupas timana, 
der disangka babi ngepet, eta babi ditewak disariksa, tepi ka Pulisi 
datang. Babi dibawa ka kantor pulisi ...teu kungsi lila paeh da 
puguh pada neunggeulan. Geus paeh, ah .... teu jadi deui jelema, 
tetep we babi. (wartos ieu aya dina TV).

Di Indramayu kungsi aya Haji nu beungar, imahna diduruk ku 
tatanggana da disangkana beungharna meunang munjung.

Jeung loba kasus sejenna, nu nunjukkeun kapercayaan soal munjung teh 
masih hirup di sabagian masyarakat urang. Umumna nu percaya, 
masyarakat kota nu kamarginalkeun atawa masyarakat di padesaan nu 
desana relatif miskin jeung tinggaleun.

Kapercayaan kana munjung, nyegik (oge sabenerna  kapercayaan kana 
teluh/santet) biasana ngaleungit di masyarakat nu relatif leuwih 
makmur jeung leuwih stabil hirupna.

Sami meureun ieu oge ....

Baktos,
WALUYA 

--- In [email protected], Dadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ari kuring mah ngahartikeun ieu dongeng / carita munjung 
ngarupakeun hiji silib anu ngagambarkeun kaayaan / kalakuan jalma-
jalma sarakah anu henteu inget ka turunan. Contona disebutkeun yen 
lamun hiji jalma munjung manehna bakal meunang harta anu tanpa batas 
tapi syaratna kudu nyebakeun anggota kulawargana tepi ka beak. Lamun 
geus euweuh anu bisa disebakeun, dirina sorangan anu bakal jadi 
sebana. Bandingkeun jeung kaayaan ayeuna, saurang konglomerat ku 
kasarakahanana , manehna ngabukbak leuweung tepi ka bulistir, 
ngorowot taneuh, ngabongkar gunung tepi ka dasarna (siga nu nyegik), 
akibatna pas hujan, datang banjir, longsor nu menta korban nu lain 
saeutik (jadi wadal kasarakahan). Akibat saterusna generasi nu bakal 
datang teu kabagean nanaon, sabab sakabeh kakayaan alam beak 
digerejud ku jalma nu munjung kana napsu kasarakahanana tea.
> 
> Jadi sigana mah ngahaja karuhun urang baheula nyiptakaeun 
dongeng / carita ieu teh keur pieunteungeun urang, supaya inget ka 
turunan. Meureun kitu oge.
>  
> baktos
>  
> Dadi


Kirim email ke