haturan kanu mintonkeun ieu, sae pisan ieu pagelaran teh nunjukeun yen budaya sunda teu hirup nyorangan, padeungeun-deungeun jeung budaya lain, teu wungkul tionghoa, nu antuk na mah bisa jadi hiji pagelaran musik nu ngareunah... enya, jeung meureun loba nu lalajo na oge, lain wungkul urang sunda, urang tionghoa oge.
asa dianginan, di tasik oge kuring jeung babaturan nyieun hiji waadah keur ngawadahan minat jeung bakat barudak tasik na seni musik (rek musik naon wae, BEBAS!), keur reresepan, tapi ketah rada-rada serius ngarah aya tapakna, ngarana na oge musik indie (underground atawa musik idependent), rek cacalawakan oge teu nanaon :-)) pokona mah asal teu ngaganggu tatangga.... komo nepi ka dahar narkoba mah. malah ieu wadah teh sing bisa ngareduksi kalakuan negatif barudak ngora di tasik, termasuk narkoba jeung nu lian na. ngarana mah alus : DILATASI (indie lable tasik), kagiatan na KONSER MUSIK barudak indie tasik (atawa bandung nu geus kasohor pang-indie na sadunia). tangtos we butuh sponsor.... tah di dieu butuhna urang kerja-sama teh :-) ah loba teuing ngawadul, bongan asa kaanginan... :-) baktos, hilman --- In [email protected], Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Andry Harmony <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Date: Tue, 5 Jun 2007 18:11:15 +0700 > From: "Andry Harmony" <[EMAIL PROTECTED]> > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: Musik Kolaborasi > > Ngiring ilubiung di milis ieu, sim kuring kantos mintonkeun hiji kasenian kolaborasi antawis musik tionghoa sareng sunda. Pagelaran ieu tos dipintonkeun dina acara 17 agustus pelajar sa Bandung taun 2006 di Sabuga ITB. Harmony Chinese Music Group sareng Gentra Madya Bp. Nano S. mangga nyanggakeun > > http://www.youtube.com/watch?v=TWWEm_xI27U > -- > Andry Harmony > > > --------------------------------- > Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car Finder tool. > > [Non-text portions of this message have been removed] >
