> From: "ever permadi" <[EMAIL PROTECTED]> > ayeuna mah sering na urang nga -morphology- keun (ngamanusakeun) ka > pangeran teh, antugna mah Pangeran teh jadi > simpatisan hiji golongan hungkul, cara Kaum Israel jaman Musa, jang > ngabebaskeun Rahayat israel tina perbudakan > Fir'aun, pangeran belaan nurunkeun bancang pakewuh ka rahayat Mesir, ti > mimiti panyakit, nepika kabeh anak nu lahir > kahiji (first born children) dipalastrakeun, naha salah Fir'aun kudu > ditanggung ku kabeh rahayat Mesir?
Ah .... sae pisan pedaranana Kang Ever. Enya kuring oge sapagodos yen kayakinan teh aya dina hate manusa masing-masing. Presepsi manusa ka Pangeran moal bisa disaragamkeun, sanajan sa-ageman, sabab gumantung kana pangalaman hirup manusa eta. Di millis dulur sabeulah anyar-anyar ieu rame padungdengan soal "Pangeran Aya Imahan". Aya nu boga pamandegan cenah Pangeran teh aya di Arsy (korsi?) di langit, aya oge nu boga pamandegan yen Pangeran teh aya dimana-mana jeung rupa-rupa pamandegan sejenna. Ceuk kuring mah, sadayana pamandegan oge BENER kabeh. Nu yakin yen Pangeran teh calik di korsi singgansana di langit teu lepat, da meureun ceuk presepsi manehna mah, Pangeran teh siga Raja atawa Sultan. Keur nu resep leuwih abstrak, tanggtu we boga kayakinan yen Pangeran teh aya dimana-mana. Ari kuring mah beda deui, keur budak boga bayangan yen Pangeran teh siga Mama Ajengan, make kopeah, sorban disalempangkeun ngan langkung badag ti batan Mama Ajengan. Sok seuri sorangan ayeuna mah ari inget kadinya ..... Baktos, WALUYA
