--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> 
> Ari kuring mah beda deui, keur budak boga bayangan yen Pangeran teh
siga 
> Mama Ajengan, make kopeah, sorban disalempangkeun ngan langkung
badag ti 
> batan Mama Ajengan.  Sok seuri sorangan ayeuna mah ari inget kadinya
 .....
> 

Kang,

Kunaon gambar Nabi Isa (Yesus) katempona di Kulon bet jadi BULE, panon
biru, buuk rada pirang? Padahal pan Nabi Isa teh urang Yahudi... rupa
jeung dedeganana nya teu jauh siga urang Semit sejen. 

Di Afrika... Yesus jadi hideung, buukna ge kribo! Ceuk beja, di Korea
Kidul... Yesus panon na sipit deuih.

Tah, mun nempo conto2 ieu, kanyahoan yen anu manusa sok ngeunteung
dina ngagambarkeun hal2 anu diidolakeun.

Kitu oge urusan 'imajinasi' kapangeranan. 
Mun aya urang Sunda anu ngagambarkeun Pangeran siga SI KABAYAN, asa
leuwih cocog tinimbang ngagambarkeun pangeran siga urang Arab he he
he. Jauh teuing abstraksina euy....Teu katepi ku fantasi na.

Rupa Pangeran keur urang Sunda mah, make kampret, nyorendang sarung,
calana pangsi... diuk na dina JOJODOG he he he. 

Arasy? Teuing naon... kuring mah can pernah nempo 'arasy' mun 'areuy'
mah bisa ngabayangkeun.... ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke