Ah aya-aya wae nya..... Malahan ieu dilakukeun ku para pamingpin formal 
kanagaraan (Bupati, jste), terus naha kudu raramean kitu nya nandatangana? Naha 
teu wani mun sorangan? Atawa mun rek leuwih teges mah jieun we perda khusus 
jang eta, da ari Surat Keputusan Bersama (SKB) mah mun ceuk sim kuring euweuh 
landasanana, (kecuali keputusan bersama Menteri, kusabab memang menteri boga 
hak ngaluarkeun keputusan atau intruksi).
   
  Sim kuring mah teu kaharti alesan kaluarna SKB eta, ceunah kusabab orang 
Ahmadiyah nyieun resah (pan anu ditalenggoran teh urang Ahmadiyah lin? lain 
maranehna nu naleggoran). Lamun di hiji wewengkon kampung maling (kabehanana 
tukang maling), tuluy aya keluarga polisi anu pindah ka wewengkon eta, pan 
pasti nyieun resah warga didinya, da warga teu bisa ngalakukeun aktipitasna nu 
biasa. Naha enya si polisi nu kudu dilarang aktivitas? Kusabab warga resah? Ieu 
mah saukur analogi.... ;)
   
  Tapi anu leuwih parahna mah, ku teu meunang dakwahna.... Lamun ceuk sim 
kuring mah euweuh salahna ngadakwah mah, justru eta bisa jadi nambahan elmu 
jang urang, boh rek dipake atawa ngan ukur jang referensi. Anu teu meunang mah 
lamun maksakeun kahayangna ka batur.
   
  Baktos,
  Budak Baong

              
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke