Ceuk cenah mah ngaran teh du'a, ku kituna silih gero teh payusna mah ku sebutan anu harade... Misalna 'kasep', 'bageur', 'geulis'... ulah kawas kuring baheula anu nyebut 'bebengok bengkung' (tobbbbaaaaat.... hampura, lurrr.....) ka salasaurang babaturan...
Tapi, aya nya jelema nu kieu... heuheu... Ari ceuk kuring pribadi mah, Kang Asep, najan resep ngomporan ge, teu kudu nepi ka kikituan sagala. Kumaha mun aya nu kalepasan nyebut Kang Asep.... alkapirun? Leuheung soteh mun kang Asepna memang alkapirun (pikeun hiji pihak), tapi lamun henteu? pan nyiar2 pidosaeun batur... Kitu oge, ketang, mun aya keneh entri 'dosa' dina kamus urang... Atuh, sahanteuna, dina gunem-catur teh, urang bisa keneh make sopan-santun... -- sikandar kumincir.blogspot.com [Non-text portions of this message have been removed]
