Hehehe teu sawios Kang bisi kalepasan oge hehehe... moal burung di rawu di 
pangku hehehe. Boa- boa emang bener abdi teh Al Kapirun hehehe... da prinsip 
abdi mah sesama al kapirun dilarang saling mendahului hehehe. Tadina mah bade 
nurutan Al Kapun kitu hehehe. Nick Name tea tidituna mah hehehe. Kadang mah 
sareng rerencangan mah sok kabina-2 ari tos ngabojeg teh... siga papendak 
sareng abdi nyebat... "assalamu alaikum ya ahlil kubur" ceunah hahaha. Di bales 
ku abdi... "waalaikummussalam ya syaitonirodjim" hihihi. Mung sok hilap wae... 
rarasaan teh geus loma sareng sadayana rerencangan baraya sunda teh hehehe... 
padahal mah seueur anu teu acan biasa nya Kang :D... ke nu aya mikirna gebleg 
ceunah ieu jelema hehehe. Bisa-2 pada spanneng sadayana hehehe. Vunten ah.

Nuhun Kang :)... Sip lah... di robih deui atuh namina bisi teu raos nyebutna 
mah... tadina mah bade nyebat teh... Syekh Assyaif Al Akbar Handaf Budjal... 
kenging inspirasi ti rerencangan didieu... ceunah Syaif teh Pedang atanapi 
Gobang, Akbar = Ageung... pedang badag kitu hehehe. Ngan bisi misinterpreted n' 
misunderstood hehehe.

Nya back to "A" deui weh... bisina ke namina Syekh Assyaif mah di peuncit siga 
Syekh Siti Jenar ... atuuuuh bararaid teuing eta Gobang abdi di pencit mah 
:))... karunya pun bojo meureun teu aya cocoan ;)).

Salam Al Kafirun,
A

  ----- Original Message ----- 
  From: kumincir 
  To: barayasunda 
  Sent: Monday, July 09, 2007 8:11 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] asep alkapirun


  aya nu kalepasan nyebut Kang Asep.... alkapirun? Leuheung soteh mun kang
  Asepna memang alkapirun (pikeun hiji pihak), tapi lamun henteu? pan nyiar2
  pidosaeun batur... Kitu oge, ketang, mun aya keneh entri 'dosa' dina kamus
  urang... Atuh, sahanteuna, dina gunem-catur teh, urang bisa keneh make
  sopan-santun...

  -- 
  sikandar
  kumincir.blogspot.com

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke