Kangs,
Puguh ge kamari abdi nembe ngobrol sareng salah saurang sole distributor Dr. 
Liza Herbal kanggo Riau, Sumatera tea... anjeuna kaleresan nyarios ceunah 
ayeuna nuju mulai ngetrend anu namina Self Healing tea hehehe... asa janten 
kaemutan tea.. di lembur mah da pun Bapa sareng pun Aki mah sok jumpa jampe tea 
geuning hehehe... siga lamun titajong terus labuh atanapi kakeureut dugika 
raheut dijampe teh kieu ceunah..."jampe jampe harupat geura gede geura lumpat, 
ulah hilap bari keupat, komo deui jeung Nenengs opat, ngan kade omat kudu 
rikat, bahanan duit di tempat, lamun heunteu bakal birat... prat prat 
guliprat... pwah.. pwah.. pwah" ciduhan ceunah raheutna hehehe. 

Taah sole distributor abdi tea... ngajak joinan ngadamel samacam workshop, jrrd 
ngeunaan Self Healing tea... kaleresan anjeuna lulusan psikologi jeung tos 
melanglang kamamana kanggo ngurusanan nu kararitu ceunah mah. Tah ceunah mah 
salain ku Herbal anu alami nyageurkeun oge tiasa dibantos sareng konsep self 
healing tea... Kinten-2na nu kararieu menarik atanapi henteu nya?

Mun urang ngadangu kecap self healing konotasina positif atanapi negatif? 

Nuhun ah sateuacana :).

Salam,
A



[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke