FEONOMENA relativisme memang geus diaku ku urang sarerea ibarat KEBENARAN MUTLAK, padahal ceunah kebenaran di dunya teh RELATIF?
ANEH pisan baraya (he...he...he...) baraya, ari kebenaran mah sifatna teh MUTLAK (absolute) tapi eta kebenaran singhoreng bisa diterapkeun (aplikasikeun) MANCALA PUTERA MANCALA PUTERI hartina gampang ngarubah wujud, gumantung saha anu nerapkeunana. hartina eta KEBENARAN teh bener bisa mutlak dina ESENSI atawa PRAKTEK ukur milik GUSTI ALLAH. sedengkeun manusa mah geuning teu bisa leupas tina nilai-nilai jeung KEPENTINGAN (interest) DI LUAR kebenaran anu mangaruhanana. EITTT!....keheula. eta nilai atawa kapentingan teh teu salilana NEGATIF baraya, positifna, eta kapentingan ngabalukarkeun kebenaran mutlak anu aya perlu implementasi anu saluyu jeung kabutuhan balarea. tapi negeatifna, teu jarang eta kapentingan nerapkeun kebenaran ukur ngarugikeun pihak lain di luar golongan anu ngabogaan OTORITAS KEBENARAN. Ceuk GWF HEGEL mah pemilik otoritas kebenaran mutlak di muka bumi sebagai wakil ROH ABSOLUT di muka bumi teh nagaranna PEMERINTAH. atawa ceuk LOUIS ALTHUSSER mah IDEOLOGICAL STATE APPARATUS. naha ceunah naon hubunganana ideologi jeung kebenaran? awalna kieu, ari ceuk GUSTI ALLAH pan yen anu bisa nyingraykeun lalangse (MENYINGKAP MISTERI) kebenaran teh naeta jalma-jalma anu malalikir (manusia yang berpikir). kukituna sigana bae para pemikir ninggali kaayaan realitas kahirupan manusa teh aya anu janggal, anu dianggap salah kalawan nyimpang tina kebenaran, mangka maranehna berpikir bahwa DAS SEIN (apa yang ada) saperti kumaha ayana, mangka solusina nyaeta DAS SOLLEN (apa yang seharusnya) kudu siga kumaha? ti dinya sakabeh anu dianggap kudu dilakonan teh disebut weh kebenaran ku manehna teh, eta kebenaran teh sabenerna mangrupakeun gagasan/ide anu logis, sabab tadi eta gagasan muncul sanggeus ngaliwatan proses panjang anu dihimpun ti REALITAS OBJEKTIF. mangka ERN BRENSTEIN dina BUKU ISME-ISME DEWASA INI, eta pamikiran teh disebut IDEOLOGI. salah sahiji CIRI IDEOLOGI nyaeta kudu DISEBARKEUN, kalawan miharep ayana dua aspek lain anu teu bisa leupas marengan ideologi. nyaeta: IPO: IDEOLOGI - POLITIK - ORGANISASI ideologi teh cita-cita di akhirna, anu bakal diwujudkeun ngaliwatan proses politik, dimana proses politik bakal dibawa ku kendaraan anu ngaranna organisasi. contona wae tinggali di tilu ideologi anu nyata: ideologi (Mabda') ISLAM. Islam sebabgai ideologi diwujudkeun ku nabi Muhammad SAW ku ngaliwatan ngadegna NAGARA MADINAH, anu dipimpin ku KHULAFAUR RASIDDIN, dimana sistemna lain monarki, oge lain otoriter, tapi leuwih TRANSISI menuju DEMOKRASI ideologi KAPITALISME diwujudkeun ku perang Amerika, anu jadi tuntunan politikna nagara Amerika anu dideklarasikeun ku Thomas Jeferson, ideologi KOMUNISME diwujudkeun ku USSR (Union of Socialist Soviet Russia) ku ayana REVOLUSI KAUM BOLSHEVIC taun 1917 Moskow, atawa RRC ngaliwatan leungeunna MAO TSE DONG. tah ayeuna URANG SUNDA anu filsafatna teh pan 5R; CAGEUR, BAGEUR, PINTER, BENER, SINGER. CAGEUR = waras, sehat lahir-bathin sehat cara berpikir-bertindak, logis lain ngimpi BAGEUR= ngalakonan kebenaran, tegas milih jeung netepkeun kahadean PINTER= cerdas tara salah milih, jeung teu sieun milih BENER= milih kebenaran lantaran nuranina kalawan praktekna SINGER= sagolek pangkek sacangreud pangeuh, KONSISTEN terhadap kebenaran anu nyata, salila memang can bisa nyieun patokan kebenaran sorangan. adil tara cueut kanu hideung pnteng kanu koneng, tara ilih kasih. tara MENCARI SELAMAT TAPI MEMILIH KEBENARAN YANG DIIKUTI jadi URANG SUNDA TEH LAIN sosok OPORTUNIS (ngamngpaatkeun kasempatan pikeun kasalametan diri sorangan ari batur cilaka), tapi urang SUNDA TEH KONSISTEN KANA PILIHAN AKAN KEBENARANNYA tapi sakali deui IDEOLOGI, POLITIK, jeung ORGANISASI. hartina urang Sunda pasti milih salah sahiji kebenaran atawa acmpuran kabeneran anu geus jelas sistemaitkana, anu tujuanana perjuangan rahayat. tapi Urang Sunda oge kudu boga ambisi berkuasa (politik) sabab politik mun dibikeun ka jalma anu salah tangtu mawa rahayat kana jalan salah, bisa teu urang Sunda?. Organisasi, Urang SUnda teh SAUYUNAN (bERSATU PADU) JEUNG SABILULUNGAN (GOTONG ROYONG) hartina Urang Sunda teh resep berorganisasi, sabab lamun teu berorganisasi tangtu moal boga kakuatan pisan. hatur nuhun diantos mairan baraya BTW URANG IRAHA BADE KOPI DARAT? AJAK-AJAK SIMKURING LAH Mang Bud (08221090723) Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
