Ari Urang Sunda mah tara getas harupateun baraya, "Cicing Siah Relativisme"
ari getas harupateun ngaheulakeun temperamen tibatan logika.

Punten yeuh baraya sakaterang simkuring, Memang LORD ACTON parantos sasauran 
yen THE POWER TENDS TO CORRUPT, tapi lain harti sakabeh POWER (kekuasaan 
hontalan politik) tangtu mawa kana jalan sasar samodel kitu. lamun dina politik 
anu hentu CORRUPT mah ceuk simkuring aya sifat PRAGMATISME POLITIK (political 
pragmatism) LAIN politik oportunisme. memang tiada kawan abadai yang 
kepentingan abadi, bener sim kuring sapagodos. TAPI ceuk kaum OPORTUNIS mah eta 
kapentingan teh kapentingan pribadi anu ngaranna kasempatan, tapi mun ceuk kaum 
pragmatis eta kapentingan teh kamangpaatan (manfaat). pan beda? sanes. 

lamun rek diajar ti Orde Baru atawa Golkar mah tangtu bae POLITIC BY DEFINITION 
IS OPPORTUNITY.

salah sahiji sifat dina padungdengan (DISKUSI) nyaeta "sing saha anu logikana 
dirasa paling kuat (LAIN URATNA PALING KUAT) tinangtu eta logika bakal 
dituturkeun ku logika partnerna" 

permasalahanana urang teh keur diajar baraya, yen keran demokrasi anu SAEUTIK 
rada kabuka jadi jalan sarerea pikeun diajar BRUK BRAK, kaasup sual KEBENARAN. 
pan ceunah yakin yen manusa teh ukur bisa ngabogaan MEUREUN anu bener teh anu 
ceuk manehna bener. tinangtu teu salah lamun urang pada-pada nembrakeun 
PAMNGGIH (pendapat) sewang-sewangan. balik deui, urusan bener jeung henteu 
kabeh oge manusa mah teu boga otoritas boga VONIS atas kebenaran anu sajatna, 
tapi NAREKAHAN NEANGAN KEBENARAN eta, baraya.

Urang Sunda mah tara curigaan, tapi waspada. Urang SUnda ulah tisoledat kana 
DISKUSI KAUM SOPHIS diskusi anu pada-pada silih bawa kana jalan sasar (saling 
menyesatkan). 
kade tah omat, ari kaum sophis teh sok ngajak DEBAT tapi APRIORI, ngaheulakeun 
curiga jeung nyalahkeun batur, anu antukna KAJEUN teuing nyaho yen pamanggih 
sorangan salah keukeuh bae dipaksakeun supaya BATUR ELEH DISKUSI. anu kadua 
debatna KAUM PARALOGIS, debat anu sabenerna pada-pada sasar (sesat), tapi teu 
nyaho yen pendapatna teh salah.
tapi ceuk simkuring langkung hade urang teu nyaho yen pamanggih urang 
bener/sesat anu penting didiskusikeun, sugan engke urang bakal nyaho: Oh 
singhoreng pamanggih urang teh salah.

Baraya ari bedana ELMU SOSIAL JEUNG EKSAK mah sakedik bae lah, ari elmu eksak 
mah LABORATORIUMna teh AKUARIUM dimana OBJEK ILMU teh di luar diri SCIENTISTNa, 
sedengkeun elmu sosial mah LABORATORIUMna teh AUDITORIUM, scientist teu bisa 
leupas tina OBJEK ILMU. 
tapi ari PILIHAN mah beda jeung ELMU, sabab salian elmu (logika), tapi rasa 
(budi) oge nagntukeun pisan kana pilihan. memang aya hideung, aya bodas, aya 
oge abu-abu (kulawu), aya warna beureum, koneng, jrrd, tah sok bae ari nyaan 
konsisten mah rek milih anu mana, da eta anu aya di dunya, rek nyeun campuran 
sae, teu nanaon kaci lah. atawa rek nongton anu milih? mangga bae tinggal milih 
da SANAJAN TEU MILIH OGE TETEP HIJI PILIHAN, tapi lamun hoyong dianggap leres 
mangga tunjukkeun solusi diluar pilihan anu aya.

TERUS TERANG 
ari simkuring mah lain rek maksakeun ideologi-ideologi ka batur, tapi simkuring 
ngajak supaya urang bisa diajar tina sagala konsep kahadean anu geus aya 
sakanyaho simkuring, lamun aya deui anu leuwih mundel tibatan simkuring 
langkung sae urang silih purak bebekelan saena mah. 

DA Anu karasa ku simkuring mah, salaku Urang Sunda, geuning kamiskinan di 
kampung simkuring teh lain anggeus ku cicing jeung nongton, atawa nganggap eta 
teh urusan batur. cobi bae emutan, kaum buruh terus bae ripuh, kaum tani terus 
bae ngan ukur daki, teu ngahasilkeun naon-naon temahna mah usahana teh. bahkan 
eta kamiskinan teh geus tangtu mawa Urang Sunda kana jurang kamalaratan hese 
jeung euweuh waragad keur SAKOLA-SAKOLA acan. dimana eta rahayat urang Sunda 
cicingna, nya di tanah Sunda.
dimana di Cisitu, Dago, Lembang, jeung sajabana tong boro asup ka ITB ka IKIP 
oge teu nyaho kumaha cara asupna, antukna teu LULUS SPMB, rek sakola di UNPAS, 
UNISBA atawa anu sejnna, MAHAL baraya. da geuning Urang Sunda teh mayoritas 
miskin, teu siga minoritas Urang SUnda anu mapan, bisana ukur berfilsafat, tapi 
gawe praktekna euweuh.
dimana eta Urang SUnda? di Jatinangor, di Bogor, di Depok, dimana aya 
kampus-kampus negeri bonafied, maranehna ukur jadi panongton baraya, malahan 
geus teu bisa nongton oge. kunaon ieu bisa kieu baraya? gara aya hiji nagara 
anu ngaranjah tanah Sunda tuluy nerapakeun anu ngaranna PANCASILA, BHINEKA 
TUNGGAL IKA, Urang Sunda dijadikeun BHINEKA TUMBAL IKA.
eta salah sahiji permsalahan, aya masalah lain anu leuwih gede deui tumiba ka 
urang Sunda di ieu nagara. tinggali Urang Papua, jeung Aceh kulantaran barontak 
bae antukna pamarentah pusat merhatikeun, mangka budayana jeung adatna 
dijunjung tinggi di ditu mah (TAPI BUADAYA URANG JAWA MAH GEUS TIBAHEULA ETA 
TEH BARAYA, tinggali bae YOGYAKARTA contona bebas jadi nagara di nagara 
Indonesia, tapi KESULTANAN TIDORE, DELI, CIREBON, jrrd mah teu meunangeun ku RI 
teh). rasis? chauvinis? lain, tapi ieu kaayaan objektif. mangka kumaha carana 
urang bisa ngomongkeun unek-unek kasundaan tapi teu jadi salah kaprah, kana 
fasisme jeung kesukuan 
inget baraya sagala keluh kesah urang ulah ukur jadi WACANA, hayu Baraya Sunda 
sakabeh saena mah iraha-iraha bae urang, urang bentuk hiji beungkeutan 
(ikatan), sasama urang Sunda.
Urang Sunda ulah daek dimangpaatkeun sakalina berorganisasi PREMANISME contona 
bae GIBAS, sigana teh SUnda pisan tapi mana komitmen kasundaanana?..

hayu urang buktikeun cita-cita Iwa Koesoema Soemantri (mantan ketua perhimpunan 
Indonesia di Belandan, Anggota Dewan Revolusi 1945, Mantan Menteri Pertahanan 
ORLA) aya anu neruskeun sanajan Iwa anggota MURBA (PKI versi TAN MALAKA), Iwa 
oge adi beuteung (IPAR waktu istrina urang RUsia) SEMAUN (PKI), tapi pa OTO 
ISKANDA DINATA, ngajak Iwa ngadirikeun Badan Musyawarah Masyarkat Sunda, 
sanajan akhirna Pa Iwa dipenjara ku Soekarno sabab dianggap Rasis, padahal eta 
organisasi didirikeun pikeun kamaslahatan urang SUnda. kunaon eta organisasi 
bisa ngahijikeun inohong-inohong Sunda, sabab orientasi organisasina hade jeung 
cara berpikirna oge HENTEU APRIORI. 

sakali deui baraya ieu mah ukur pamanggih simkuring, saur sasterawan Perancis 
nalika REVOLUSI PERANCIS 1789, babaturanana MAXIMILIAN ROBESPHERE, VOLTAIRE 
nyarios "SAYA TIDAK SPENDAPAT DENGAN ANDA, TAPI SAYA AKAN BERJUANG MATI-MATIAN 
SUPAYA HAK ANDA UNTUK MENYAMPAIKAN PENDAPAT ANDA, TERPENUHI"

VIVAT DEMOCRATIA

hatur nuhun





 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke