> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Kang haji Sorban Palid teh pagawe luhur hiji departemen. Kulantaran
> jabatanana baseuh... korupsi gegedean, berjamaah jeung bawahanana.
> Kulantaran berjamaah tea, teu kanyahoan ku batur saluareun eta departemen.
> Tapi, kusabab Pa Haji tea jalma anu relijius. Pa Haji embungeun narima
> riba (bunga bank). Pan haroooom m eta teh! Kulantaran kitu Pa Haji
> nyinpen duit na di bank syariah!

Hih ari Kang RH, teu aya relevansi antara sikep relijius jeung korupsi. 
Contona,  masjid di urang pabayatak ampir di unggal juru, Nu munggah haji 
unggal taun kurang-leuwih ti 200,000 urang (kitu oge kulantaran diwatesan ku 
kuota),  tapi ari korupsi mah tetep mahabu. Departemen Agama, nu menteri 
jeung pagawena kuring yakin leuwih relijius tibatan departemen sejen, malah 
kaasup departemen paling korup, teu kurang salah saurang mantan menterina 
dihukum kulantaran korupsi.

Sigana relijius mah leuwih kana sikep kapentingan individu jeung Nu Maha 
Kawasa, ari korupsi mah hubunganana jeung kapentingan umum/ publik, jadi teu 
aya relevansina. Malah nu korupsi, bisa ngarasa DOSANA DIPUPUS lamun manehna 
jadi jalma relijius siga nnyumbang nyieun masjid, umrah/ Haji sababaraha 
kali ...jrrd.  Sababraha taun katukang, urut Direktur Jamsostek (Asuransi 
Tenaga Kerja) jadi tersangka korupsi, manehna terus "ngaleungit" kabur ka 
luar Negeri. Sihoreng manehna teh Umrah. Pas turun ti pesawat nu mawa 
manehna balik, langsung ditewak ku kajaksaan. Sigana urut Pa Direktur teh, 
mabur ngajalankeun Umrah, supaya dosana  dipupus. Dosa dipupus henteuna, eta 
urusan Nu Maha Kawasa, ngan ari perkara maling duit nagara mah, kriminal, 
urusanana pangadilan di dunya .....

Baktos,
WALUYA











Reply via email to