> From: Jajaka.Kahyangan -
> bade sakantenan tumaros,
> sok aya istilah runtuhna Aceh ku walanda teh gara-gara juragan Snouck, 
> leres kitu bagian anu eta?

Kang, lamun teu salah, Kasultanan Aceh runtag diserebu tantara kolonial 
Walanda, samemeh Snouck pippilueun. Kutaraja (Banda Aceh ayeuna) geus 
dikawasa ku Walanda. Ngan urang Aceh tetep ngalawan gerilya, teu 
eureun-eureun. Keur ngeureunkeun ngalawanna Aceh, nya Pamarentah Hindia 
Walanda nugaskeun Snouck keur ngadeukeutan urang Aceh, supaya teu baruntak 
wae.

Cara Snouck, beda jeung cara militer, manehna ngadeukeutan urang Aceh, ku 
adat istiadatna kaasup agamana. Salah sahijina Snouck ngarekomedasikeun Haji 
Hasan Mustapa, nu ngarti pisan kana Islam, sarua urang pribumi jadi Panghulu 
Kutaraja. Ku jalaran kitu, urang Aceh bisa dipeperkeun nafsu barontakna.

Naha Snouck "ngaruntagkeun" Aceh? Sigana kumaha nempona. Tapi nu jelas ku 
make cara ngadeukeutan model Snouck, "banjir getih" di Aceh bisa dikurangan. 
Bayangkeun lamun teu nganggo cara pendekatan model Snouck, bakal beuki loba 
urang Aceh nu jadi korban akibat tindakan militer. Jaman harita, acan siga 
jaman ayeuna, teu aya HAM, teu aya konvensi kamanusaan,  Dunya moal 
ngaributkeun, sanajan urang Aceh tepi ka tumpur oge ....

Sigana "jasa" Snouck didieu, keur mareuman barontak atawa kateupuasan,  teu 
bisa ukur make cara-cara militer, tapi oge kudu dideukeutan Sosial budayana. 
"Cara-cara Snouck"  sabenerna sakapeung "ditiron" ku pamarentah Indonesia 
ayeuna (malah ku militerna) dina nyanghareupan daerah nu baruntak ......

Baktos,
WALUYA
 

Reply via email to