Kang R,

Peryogi ditengetan yen di dieu sanes seja ngagugat fungsi artos salaku
panukeur. Nanging urang peryogi sadar yen artos sakedahna teu dijantenkeun
komoditas. Janten ngagaleuh valas teh saperluna wae, lamun urang bade
balanja atanapi bade wisata.

Nya tangtos urang teu kersa ari uih deui kana barter dina sadidinten teuing
mah. Sok sanaos RI kungsi barter pesawat ku beas Thailand atanapi waktu
barter Sukhoi ti Rusia ku produksi pangan.

Salam,
Dian.


On 15/02/2008, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Bieu basa nyokot kopi ti pojok kopi (copy corner!), kuring ngaheheh
sorangan. Batur olohok nempo kuring nyerengeh sorangan... ;))

Aya skenerio siga kieu dina pikiran kuring.

Sabage tangkulak jengkol. Kuring indit ti NL ka JKT. Kulantaran sistem
ekonomi balik deui kana sistem barter. Rek meuli tiket na kuring kudu
mawa 26 kontainer jengkol jang tiket sabalik. Mobil kudu diparkir
(lila) di bandara hargana 5 kontainer jengkol.

Di bandara kudu mayar pajeg.... oge 5 konteiner. Meuli sacangkir kopi=
3 tolombong jengkol! Datang di bandara di RI. Mayar taksi sakontainer
jengkol. Sare di hotel Kang Asep di Bogor, sapeuting na 2 konteiner...

He he he he..... ripuh euy ekonomi barter teh. Mun indit2an. Kuring
sabage tangkulak jengkol, kudu nyewa pesawat kargo jang mamawa jengkol!

Teu hese nyieun tapak teh... tuturkeun we tapak jengkol.... :)))

baktos,

Rahman


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke