Nuhun Kang D,

Puguh kuring ge hayang milu ngawangkong jeung noroweco perkara duit
tea. Ah... dongeng tadi mah, bakat keur ngalamun sorangan we he he
he... Tong diandel teuing Kang! ;))

Duit teh salah sahiji produk jelema, jang jelema... tapi bet bisa
nangtukeun pasifatan jelema nya?

Alatan duit jelema tega silih paehan. Sagala ditaekan demi duit!
Aneh... kalakuan jelema mah! Kadang2 loba jelema tega ngajual indung
atawa budak sorangan demi duit.

Anu salah duit na atawa jelema na nya? Sigana mah ieu teh intrinsik
dina pasifatan manusa. Mun tea mah sakadang duit dileungitkeun, pasti
aya hal/komoditas sejen anu 'ngaganti' fungsi duit ayeuna.

Masalah na... kumaha carana sangkan urang teu dipibudak ku (urusan)
duit? Da geuning sifat sarakah (kana duit) teh, teu baheula teu
ayeuna.... keukeuh we manjang. Moal salah di pikahareupeun oge?

Kumaha kudu na nya?

baktos,

Rahman
oge hejo kana duit! ;))



--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Kang R,
> 
> Peryogi ditengetan yen di dieu sanes seja ngagugat fungsi artos salaku
> panukeur. Nanging urang peryogi sadar yen artos sakedahna teu
dijantenkeun
> komoditas. Janten ngagaleuh valas teh saperluna wae, lamun urang bade
> balanja atanapi bade wisata.
> 
> Nya tangtos urang teu kersa ari uih deui kana barter dina sadidinten
teuing
> mah. Sok sanaos RI kungsi barter pesawat ku beas Thailand atanapi waktu
> barter Sukhoi ti Rusia ku produksi pangan.
> 
> Salam,
> Dian.
> 


Kirim email ke