--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> wayangna make bikini meureun, jadi diharomkeun... heuheuh...
> 

Walah... enya Kang aya wayang make bikini he he he. Dina wayang golek
mah kabeh wayang make gaun panjang mun teu salah mah. Si Cepot ge
kalah make gaun, batil deuih! ;)))

Kang Mh, Kang Kumi, 

Sigana mah enya oge kitu. Wayang tara atawa jarang ditabeuh deui
kulantaran mahal na jeung eleh deet ku seni kontemporer?

Tapi ketah teu saklek kitu, Asep Sunarya bisa nyieun fans wayang
anyar. Manusa Sunda ngora generasi kiwari. Sigana mah kudu aya upaya
ngamodernkeun wayang kitu? Ngan kudu kumaha nya? Nyieun wayang digital
versi Second Life kieu? :)))

Perkara pacaduan wayang, eta lain bohong. Jaman baheula kudu (dititah
ku kolot!) ngagulanggaper kitab koneng, kuring ngadenge (nongtoreng
keneh) aya (urut) guru kuring anu bebeakan ngahantem seni wayang.
Kelompok siga kieu tambah macaeuh, atawa ngurangan ayeuna? Duka teh
teuing!

Najan lain faktor anu gede, sikep siga kieu ge sigana mah ngaruksak
apresiasi wayang urang Sunda?

baktos,

Rahman

Kirim email ke