--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Leres Kang Oman, Bang Ali wani ngorbankeun sagala rupina, SANAJAN
KUDU ASUP 
> KA NARAKA,  demi keur rahayat. Ieu wawancara Majalah Tempo jeung Ali
Sadikin 
> di taun 2005 nu nunjukkeun sikep anjeunna nu teuneung jeung ludeung,
euweuh 
> kasieun, teu mentingkeun pribadi hayang asup ka sawarga sosoranganan
.....
> 

Bela sungkawa, oge hiji tokoh Sunda anu ngamundinglaya geus
ninggalkeun urang!

Perkara judi tea, bener hebat oge sikep Kang Ali harita. Coba we
pikiran, taya manusa anu TEU resep judi. Tinimbang duit dimonyah2 teu
puguh asup ka bandar judi anu ilegal, mendingan dilegalkeun.
Kauntungan hasil judi bisa dipake ngawangun (pra)sarana publik.

Ayeuna judi diilegalkeun deui, tempo satatistikna! Judi milu leungit
kitu? Nya henteu! Nu garableg duit bari resep judi, indit ka Singapur
atawa sakalian ka Monaco... ngadon maen! Anu untung? Nya heueuh urang
Singapur jeung Monaco! Bangsa urang? Ngalamot curuk...

Lain kuring resep jeung ngadukung perjudian ieu mah, tapi nagara mah
KUDU obyektif jeung pragmatis. Mun nagara ceulina condong teuing kana
urusan peragamaan... bakal kaciri jomplang na kawas ayeuna.

Nagara leutik kawas Monaco bisa ngaraharjakeun warga na alatan judi.
Anu jarudi di dinya? Lolobana Syekh Arab anu duit na metet nepi ka
juru panto!

Kamari ieu kuring nempo acara dina tv NL perkara perjudian di JKT.
Haduh... asa karunya. Jelema leutik bakatating ku ripuh hirup na
masang judi ilegal. Hayang menyat meureun hirup na. Kulantaran ilegal
tea... saha nu nanggung mun meunang teh enya meunang? Kumaha mung
bandarna ngangles sanajan meunang oge? Pan karunya?

Masalah judi lain masalah dosa, naraka, jlte... tapi geuning leuwih
masalah sosial. Tah lebah dinya, mikir di urang mah itu eta teh sok
loba teuing didedetan masalah kanarakaan!

Wilujnge judi atuh....;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke