---------- Forwarded message ---------- From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> Date: Sun, May 25, 2008 at 6:32 AM Subject: [kisunda] nyanggakeun oleh-oleh Trowulan To: Kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
Sampurasn dulur-dulur kisunda nu kumelendang di alam pawenangan, Simkuring seja ngalaporkeun warta hasil lalampahan ka trowulan, mugia bae sok sanajan pamiangan simkuring ka wewengkon MP ngondang 'kontroversi' nya didadasaran ku niat bersih jeung patekadan nu geus buleud pikeun ngajugjug ka Trowulank kuring sarombongan miang kaditu.. Tah didieu simkuring seja ngalaporkeun jalanna acara supaya dulur-dulur nu teu nyaksian langsung, tiasa ngabandungan tina laporan pandangan mata ieu. Hasil lumampah ka wewengkon Majapahit teh kacida nyugemakeun pikeun rombongan. Rombongan ti Bandung ngagunakeun beus, miang tabuh 01.00 WIB poe senen 19 Mei jumlahna mung 29 urang kaabus ibu-ibu 9 urang, jeung budak duaan tina rancana 36 urang. Diantara robongan teh, kawakilan oge ku duaan urang Rawayan Panamping, nyaeta Abah Karisa jeung mang Carma. Nepi ka Mojosari tabuh 9 peuting kalayan disambut ku hujan nu lumayan badag kurang leuwih sakilometer ka tempat tujuan rombongan, padahal sapanjang perjalanan peuting nepi ka kota Mojokerto bulan sakitu moncorong marengan perjalanan, cenah ceuk urang dinya di wewengkon Mojokerto teh geus lila halodo. Sapanjang perjalanan rombongan terus diriksa posisina ku panitia, barang nepi ka gerbang kota Mojokerto, terus dipapag jeung dipandu menuju tempat istirahat. Nepi di Mojosari nya ditempatkeun di hiji imah milik urang Bali nu jadi marinir kalayan geus disadiakeun kadaharan. Peuting harita keneh pihak pengurus pura menta supaya dina tabuh 12 peuting dieusi ku acara nyawang bulan ti rombongan Sunda di Pura MARGO WENING, nya sabagian rombongan terus miang ka eta pura nu jarakna kira-kira 250 meter ti tempat istirahat. Barang tepi ka eta pura, pengurus jeung pedande (pendeta bali) terus nawaran pek rek milih tempat mana bae pikeun ngagelar kacapian, malahan nawarkeun di hiji tempat nu dianggap paling suci di eta pura, jeung ditempatkeun di salah sahiji pendopo tempat para pedande. Nya jentreng bae di dinya rombongan midangkeun rajah, kinanti, jeung salabintana, bari jeung ngajelaskeun pihartieun tina guguritan nu dihaleuangkeun, oge nerangkeun naon makna tina nyawang bulan, jentrengan kacapi teh teu sirikna nganteur warga Bali nu keur dariuk husu ngadarunga dihareupeun bari dicepretan cai ku Pedande nu keur tugas. Rombongan pedande, panitia, waga Bali, utusan Jawa Timur, Madura kaabus pa Granoka dariuk di handap sagigireun jeung dihareupeun pendopo. Para pedande lianna dariuk di pendopo hiji deui nu aya di peuntaseun pendopo nu dipake ku rombongan. Sambutan ti nu hadir kacida nyugemakeunanan, unggal rengse mawakeun kawih maranehna nunjukkeun panghargaan ku keprok. Suasana dina riungan karasa jembar teu aya hahalang (cair), baur asa jeung kulawarga. Beres ngacapi diteruskeun ku gunem-catur, nya dina paguneman boh utusan ti Jatim boh ti Bali nganuhunkeun ku datangna rombongan ti Sunda, malah ti urang jawa nyebutkeun cenah kajadian ngumpul kieu teh mangrupa kajadian nu istimewa, mungkin ku geus datangna mangsa pikeun mulangkeun deui naon nu dijangjikeun Sabdapalon-Nayagenggong, nya harita kuring heureuy nyebutkeun "Ya, karena sudah waktunya pengalihan hak kan pak?", nya terus disambung ku kang Aa:"Waah berarti kita harus cari notaris nih, buat pengalihan hak", nya UJ eta ukur mesem-mesem bari ngajawab "ya...ya...ya". Rengse acara sakur nu hadir didinya nyalampeurkeun sasalaman bari nganuhunkeun, sabagaean diantarana boh UJ oge UB pada ngaraku yen luluhurna baheula teh urang Sunda keneh masih turunan Galuh, wajar cenah ngabageakeun ka nu leuwih kolot, taah didieu rombongan simkuring asa dihargaan, nya terus rombongan mulang pikeun istirahat. Isukna poe salasa 20 Mei tabuh 7 isuk-isuk, rombongan miang ngajugjug ka WRINGIN LAWANG nu cenah mangrupakeun salah sahiji tina 28 gerbang abus ka wewengkon karajaan Majapahit, nepi kanu dituju di jalan raya kira-kira 300 meteran ti wringin lawang, turun tina beus terus baris ngaleut ngajungjug tempat nu dituju. Pakean nu digunakeun ku rombongan lalaki make pangsi hideung-hideung jeung diiket barangbang semplak, aya oge nu kaluhurna make pangsi bodas, sedengkeun awewe make kabaya warna bodas, Perlengkapan nu diusung ku rombongan, nyaeta pusaka merah putih jeung kujang ti galuh diwadahan kotak nu ngawakilan Grebeg Pusaka, jeung 4 tulisan prasasti kawali nu disalin kana kaen warna beureum-koneng-bodas-hideung pikeun ngawakilan Grebeg Aksara, nyaeta parasasti kawali III nu eusina tulisan "bati peureu tinggal nu atis tina rasa aya ma nu ngusi dayeuh baweu ulah botoh bisi kokoro"; kawali IV mangrupa Batu Tapak Anggana mangrupa batu segi lima nu dieusi ku susunan kotak (matrik) 5 kotak ka handap jeung 9 kotak mendatar, di bagian luar kota aya cap leungeun kenca jeung sapasang tapak suku, di bagian kenca luareun kotak aya tulisan nu unina "Anggana"; kawali V Lingga Panyandungan nu eusi tulisan "Sanghiyang Lingga Hiyang"; kawali VI nu eusi tulisan "Sanghiyang Linggabingba". Prasasti nu diusung teh bahanna mangrupa pangjajap kadeudeuh kareueus ti Ambu --- (nganuhunkeun pisan ka Ambu – mangga tah ku ambu engke dibejerbeaskeun naon harti tina eta prasasti, supaya urang sunda reueus ka luluhurna). Acara di wringin lawang teu lila ukur kurang leuwih sajam, ngan ukur dunga amitan pikeun mintembeyan prosesi, terus kabeh barisan nyalingker ka gigir pikeun ngaliwatan wringin lawang. Tah di candi wringin lawang ieu, mangsa amitan memeh ngaliwatan lawang, salah sahiji nu dipikolot ti rombongan (Pa Ugan) dipenta ku pa Granoka pikeun ngadunga, naha bet ujung-ujung naek ka puncak gerbang miheulaan rombongan pedande nu keur nyalingker rek nincak eta lawang, kalayan ngagorowok "bersatu...... bhineka... tunggal.... ika", rengse ngajorowok kakara datang rombongan pedande nincak eta lawang kalayan mawa keleneng jeung nyiprat-nyipratkeun cai suci. Sanggeus turun ku kuring ditanya kunaon pa Ugan bet naek, pan kuduna mah ngadunga di handap hareupeun dupa? Walonna duka teuing dan dina hate jelas aya sora nu nitah naek jeung ngajorowok. Euh.....ceuk hate... meureun luluhur teu rido urang kapiheulaan ku rombongan pedande nincak eta lawang. Nya terus prosesi kabeh rombongan sanggeus ngaliwatan eta lawang terus laleumpang deui ngajungjug jalan raya naraek deui kana beus sewang-sewangan pikeun neruskeun lalampahan ngajungjug ka Candi Bajang Ratu. Nepi kanu dituju geus nyampak barisan ponggawa saragam karaton Surakarta, jeung barisan musik pagiring genjreng Majapahit di jalan menuju candi, nya rombongan gura giru turun tina beus, pikeun tatahar nu nyiapkeun bahan sasajen, nu nyiapkeun jeung nyetel kacapi, nya simkuring dipenta ku pa Granoka pikeun ngagabung jeung para Pedande, Ratu Gusti Mung ti karaton Solo jeung Raja Bali bapak Cokorda, Tokoh nu ngawakilan MP bapak Djatikusumo. He...he..he.... asa jadi si Kabayan atawa si Cepot jadi raja oge simkuring ukur sabage rahayat nu make pangsi nyoren koja dibarengkeun jeung rombongan raja/ratu. Tah ieu rombongan di tukangeun Candi ngabacakeun mantra-mantra, ari rombongan keur tatahar sagigireun candi nyanghareupan arena nu dikosongkeun pikeun acara pagelaran nu ditilaman kaen bodas kandel kira-kira ukuran 17 x 17 meter nu ditengahna dieusi ku garis nu kandelna 10 cm, ngabentuk segitilu ukuran panjang sisi 15 meteran jeung ditengah-tengahna aya buleudan kira-kira diameter 40 cm (mungkin nyimbulkeun Sunda-Jawa-Bali,...meureun!! - pen) Tah dina acara pokok di tengah arena ieu diawitan ku rajah jeung kidung ti rombongan Sunda, pon kitu deui dina unggal acara nu lianna nu ngusung kawakilan Sunda-Jawa-Bali, rombongan Sunda salawasna diheulakeun, saperti dina sambutan umum ku basa Indonesia, pidato ngagunakeun basa daerah, jeung sajabana. Acara digelar tengah poe ereng-erengan, atuh rada riweuh oge kacapi kapanasan jigana rada melenting tur kawatna kudu terus disetel nya tangtu sorana jadi kurang pas, tambah deui sound systemna teu pati alus dan kapanasan oge meureun. Aya kajadian nu rada aneh ceuk bawirasa simkuring barang dihaleuangkeun rajah, loba nu hadir di eta acara pada narangis, padahal maranehna teu ngalartieun basa sunda. Apal kitu soteh pedah bae loba nu nyalampeurkeun waktu rengse acara, pada helok bari nanya "kenapa ya pada waktu lagu dinyanyikan tadi kok perasaan saya antara sedih dan haru sampai tidak tahan saya menangis?" cenah kitu ngaromongna, oge ceuk pak Djatikusumo waktu manehna pidato nyebutkeun yen loba jalma nu ngilu prosesi di handapeun tangkal pada narangis. Haag siah.... kuring ge teu ngarti palebah dinya mah, meureun ieu ge meureun keuna kana mamarasna, sabab eusi rajahna oge teu sambarangan jeung dihaleuangkeun di tempat nu ngandung sajarah. Oh enya aya nu kaliwat. Waktu di perjalanan dina beus, kira-kira di wewengkon Kebumen rengse maca narasi/tulisan Ambu ngeunaan prasasti kawali, naha ieu hate bet ngarasa nalangsa jeung terus ceurik, nya bari terus nyurucud cipanon, kuring sms ngumaha ka ambu. Walon ambu : "karuhun urang nganteng sa alam, mun percanten ieu rombongan oge meunang misi pikeun nganteur ngaruwat palagan bubat ka Kawali, Majapahit kudu menta hampura". Tah waktu reureuh di Yogya kuring badami jeung pembawa rajah sangkan nambahkeun eta misi dina guguritan kalayan make basa sasmita, nya terus harita manehna ngagudrud nambahan 2 padalisan diselapkeun dina guguritan nu geus jadi (ke guguritan rajahna dialungkeun). Waktu giliran UJ mawakeun mocopat, manehna ngomong dina corong hayang dipirig ku kacapi cenah, atuh gura-giru juru kacapi nyetel kacapina ku laras salendro, nya jentreng bae mirig manehna. Aya kajadian aneh deui, waktu pa Ugan ngibing penca silat "Bhineka tunggal ika" nu jurusna teu ilahar, nuturkeun kumaha nu mawa gerak dina diri pa Ugan, tur dipirig ku kacapi, barang dipungkas ku bewara nu dijorowokeun " bersatu kita teguh......bhineka tunggal ika......merdeka...." bareng jeung ucapan merdeka. Eeeh...... urang bali nu keur mayungan pusaka di harupeun candi ngadon kasurupan, terus jojorowokan merdeka.... merdeka.....hidup ....hidup.....bari jeung hahah-huhuh, leungeuna nu katuh acung-acungan bari meureup, payung nu dicepeng ku leungeun kencana galuang galeong, nya harita terus pada nyarepengan, terus disampeurkeun ku Pedande terus kunyam-kunyem bari nyipratkeun cai suci, eeh tapi nu kasurupan teh teu cageur, terus bae acung-acungan bari hahah-huhuh. Bareng nempo kitu rengse silat pa Ugan terus nyampeurkeun ka nu kasurupan, dipencrong, ditiup terus ngagerakkeun leungeun katuhu jiga nu newak. Teu skara-kara eta jalma teh leler/sadar deui cicing jiga samemehna, nya nu nyarepengan payung ge terus ngalaleupaskeun deui. Kajadian aneh liana, dina acara narikeun topeng nu dibawakeun ku lalaki kolot mungkin umurna leuwih ti 70 taun. Topeng pusaka nu rek ditarikeun teh aya tilu. Waktu topeng kahiji dipasang dina beungeut penari bisa nempel kaen panutupna dibuka terus eta jalma nari teu incah tina hareupeun kotak wadah pusaka, ukur ngangkat leungeun duanana sataktak digerak-gerakeun dina pigeulangna, bagian leungeun lianna cicing, terus muterkeun badanna saputeran, rengse terus nyokot topeng nu kadua, nya terus nari model kitu deui, rengse terus nyokot topeng Gajahmada nu dibungkus ku bandera merah-putih, Tah barang rek narikeun topeng ieu jiga nu teu napel-napel dina beungeut penari, dua leungeun penari tetep nyepeng topeng dina posisi keur masangkeun topeng dina beungeut, pon kitu deui bandera pamungkusna teu leupas tina bagian sisi eta topeng teu lila eta topeng terus disimpen deui kana kotak terus cong disembah, jadi teu kungsi ditarikeun. Taaaaah ........... kuring rada hookeun oge, terus kuring nanya ka jalma nu pernah ningali tarian topeng gajahmada, naha kitu ari tari topeng gajahmada, jawabna teh teu kitu da biasana mah tarina model nu kahiji jeung nu kadua tadi. Tah....tah....tah...., naha nya. Barang rengse acara tarian eta penari kolot teh, jung nyampeurkeun ka rombongan kuring nu keur dariuk dina posisi tempat ngarajah, terus sasalaman bari ngenalkeun yen manehna teh turunan kadalapan ti Gajahmada cenah, manehna nganuhunkeun rombongan ti Sunda datang ka eta acara. Waktu acara penandatanganan prasasti, begitu digotong ka tengah arena pikeun ditandatangan ku perwakilan Sunda-Jawa-Bali, didieu kuring ngarasa reueus jeung nyata dihargaanna teh, sabab posisi wakil sunda dina prasasti nu rek ditandatangan tempatna pangheulana/ beulah kenca, (mun dina surat-surat resmi pan ketua di beulah kenca, sekretaris beulah katuhu), ditengahna wakil bali, sedengkeun beulah katuhu wakil ti Jawa. Penandatanganan sacara resmi disaksian ku para Pedande, Ratu Gusti Mung jeung Raja Bali Cokorda. Rengse ditandatangan nya terus pada sasalaman, sakur nu ngariung di tengah arena. Acara di Bajangratu kawilang panglilana bari jeung panas, ti mimiti jam 9an nepi ka kira-kira jam satengah dua siang. Rengse dahar siang nya diteruskeun prosesi iring-iringan/grebeg laleumpang ngajungjug ka pendopo Brawijaya nu jarakna kurang leuwih dua kilometer, nya lumayan cape tur panas kacida sabab sapanjang jalan panonpoe teu eureun nyorot, ibu-ibu rombongan simkuring mah teu karuateun neruskeun leumpang, nya kira-kira satengahing jalan terus naraek mobil pulisi. Nepi ka tujuan di Pendopo, eeh ..... teu disangka harita aya duaan ti rombongan simkuring nu miangna miheulaan prosesi, barang rombongan prosesi nepi ka gerbang pendopo, eta dua urang ti rombongan simkuring teh dipenta pikeun nampa sacara simbolis bandera merah putih jeung tumbak pusaka nu diarak paling hareup dikawal ku pasukan karaton Surakarta, pikeun dibawa ka pendopo. Beu....... sunda deui nu kapasrahan....., padahal teu aya dina skenariona aya acara ieu. Waktu nepi di pendopo kuring mah terus gogoleran, ngareureuhkeun kacape teu lila loba nu nyalampeurkeun ka rombongan, aya nu ngaku ti gresik, aya nu ngaku ti Jogya, aya nu ngaku ti Bali, maranehna ngaraku asal turunan Sunda keneh. Waktu di Pendopo Bah Karisa jeung mang Carma (urang Rawayan panamping tea) panglobana dijugjug, dirariung utamana ku urang Bali. Aya nu ngaku Ratu Karangasem, aya nu ngaku Ratu titisan Ibu Pertiwi, aya nu ngaku titisan Ganesha, jeung nu lianna nu ngaraku aneh-aneh, nu intina ngabageakeun tur nganuhunkeun geus bisa panggih di eta tempat. Aya oge nu nawaran iraha-iraha mun ka Bali menta diunggahan (lumayan pan bisa ngirit ongkos mun ulin ka Bali, he...he..he.), oge aya urang Trowulan nu oge menta mun kadieu deui cenah, supaya sare teh di imah manehna, cenah tukangeun imahna teh tempat kajadian palagan bubat. Kadang di tempat eta cenah sok aya selengseng seungit nu endah matak betah, lain pikasieuneun. Acara di Pendopo ti sore nepi ka jam 12 peuting, dieusi ku padungdengan, sambutan/pidato jeung pagelaran rupa-rupa seni ti masing-masing rombongan sacara giliran nu diatur selang-seling. Rombongan simkuring ngagelarkeun kacapi suling nu mawakeun kidung, dangdang gula kawali, asmarandana, jeung gelar silat dua kali nu dibawakeun ku budak kelas genep SD nu kabeneran juara 1 pestipal penca tingkat Kota Bandung, jeung Juara harapan tingkat Jawa Barat-Banten. Sambutan penonton kacida nyugemakeun pangngpangna kana gelar penca, komentar ti panitia nu kabeneran oge pengurus Pura Margo Wening nyebutkeun : 'wah....wah.... luar biasa....' Acara rengse jam 12 peuting, nya sabagean rombongan pada beberes teus naek kana beus, sabagean lianna (kolot-kolot) ngahaja ngadeuheus ka patilasan Bray Wijaya (bray kajayaan) pikeun sasadu jeung nganuhunkeun. Tabuh satu pas nya rombongan miang pikeun mulang deui ka bumi Parahyangan, kalayan mawa hate sugema, bingah amarwatasuta mawa pangalaman nu mucekil, sok sanajan rombongan ngan ukur sabeus ge teu pinuh, sedengkeun ti rombongan Bali jeung Jawa ratusan mungkin leuwih ti sarebu jumlahna, tapi dina panarimaan karasa dihargaanana, dibageakeun, sagala diheulakeun, kadang dina ngeusi acara teu weleh nawaran kumaha hadena ka rombongan, waktu dina gelar aksara di Bajangratu, kulantaran kakurangan jalma nya tulisan prasasti teh digulung, eeh pa Granoka nyampeurkeun jeung nawaran bantuan pikeun nyepeng ngabeberkeun eta tulisan prasasti sapanjang acara. Nu karasa, maranehna pada ajrih nyanghareupan rombongan ti Bandung teh, jeung pada ngaraku boh sapribadieun boh sacara "formal" dina pidato, yen Sunda teh pangkolotna. Jadi jauh tina sawangan kidulur nu boga anggapan nu kaditu bakal jadi patalukan teh. Pas tabuh 12 siang poe rebo, rombongan nepi ka karang Kamulyan, nya terus ngahaja dumeuheus ka patilasan eyang Ciung Wanara, bari sasadu nganuhunkeun ku pangaping panjaringna kersaning Nu Maha Kawasa, ieu rombongan salamet kalayan sugema, ti dinya terus ngadon marandi di Cikahuripan, segeeeerr deh........ Sanggeus dalahar jeung reureuh kira tabuh tilu sore, nya terus laju deui neruskeun perjalanan, nepi ka Bandung tabuh dalapanan. Tah kitu lalampahan rombongan kami teh para dulur, geuning ku pok-pek-prak mah panggih jeung pangalaman teh, lain cenah-lain beja, estu sanyatana kaalaman ku masing-masing pribadina, luyu jeung papagon nu dicepeng ku putra-putra didik Mama Mei Kartawinata "TEU AYA KANYATAAN NU NGALEUWIHAN TINA PAGAWEAN", mun urang boga tekad hade, prak pigawe pasti tinemu jeung buah kahadean, teu aya guna ngomongkeun kahadean mun teu bari prak migawe kahadean. Mangga nyanggakeun nun Pun tabe pun.Rampes nun. Engkus R. ------------------------------------ http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/