--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Ema Sujalma" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> kiprah Kang Rahman tos karaos mangfaatna
> nya teraskeun sadugina

Nuhun Kang,

Mangpaat anu karasa ku kuring mah, lian ti nambahan pangaweruh teh,
utamana ngarah teu poho kana basa indung. Sapopoe was wes wos, atuh ku
cara ngobrol di ieu forum ulah nepi ka mohokeun basa sorangan.

Aya nu resepeun, sukur.... teu resepeun, ah teu nanaon ketah. Paling
banter ge ieu forum pada naringgalkeun. Terus melempem paeh sorangan
he he he...

> 
> ngeunaan kempelan Trowulan ,
> kang Engkus anu langkung paos, abdi mung neuleuman urang Mojokerto 

Hanjakal taya nu bisa nerangkeun maksud jeung tujuanana eta kumpulan
teh. Susuganan aya oleh2 na.... naon we, kakaren ge kaci!



> nu jembar ku elmu tapi sombong, teu kaopan, oge aya,
> ngan nu karaos, mun nyelekit-nyelekit pisan, mun pikaseurieun,
> ngabarakatak pisan, simabdi teras we labas, rek dilandi nanaon oge 

Ieu forum ngahaja teu dikuncenan, ngarah sarerea ngarasa bebas
mostingkeun naon we anu sakira2 aya gunana. Ngan kade ulah pundung mun
dikritik batur! Sabab memang eta pisan tujuan ieu milis, ngajak baraya
kabeh diajar diskusi, debat jeung adu argumen. Sikep SKEPTIS dipiharep
pisan dina ieu forum.


> capetang
> diajar deui nyarios dina basa Sunda, aya nu ngamaklum aya nu henteu 

Perkara basa mah tong kudu ngarasa kagok. Prung bae PAKE basa indung
urang. Rek make basa dialek mana ge kaci! Kuring sorangan milih
strategi make basa PANENGAH. Tujuanana? Ngarah kabeh urang Sunda (nu
ti kaler, kidul, kulon jeung wetan) teu ngarasa dianakterekeun. Pan
kadang2 urang luar Priangan sok ngara kagok nyarita make basa Sunda,
alatan NGARASA basa na KASAR! 

Lieur... aya kitu basa KASAR basa LEMES? Kawas klasifikasi huut ieu
teh atuh.... he he he...

baktos,

Rahman

Reply via email to