Haturan Kang W,

Anu jadi masalah, kumaha nasib jelema leutik anu kudu ucutan keur
ongkos? Utamana para tukang dagang leutik jeung patani gurem anu
rekmasarkeun dagangan atawa produkna?

Sakudu na mah, aya upaya pamarentah nyieun alternatif transportasi
rahayat leutik. Baheula pernah diusulkeun di ieu forum sangkan RI
nyieun (pra)sarana jalan husus keur sapedah saperti di NL! Ieu teh
transportasi murah meriah, sehat, bebas BBM.

Wilujeng ngabaroseh.... ;)) 

baktos,

Rahman

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> 
Ongkos angkutan umum wajar naek, ngan kuduna ulah sabanding jeung bbm,
kudu leuwih handap. Tapi cilakana ieu dijieun kasempetan. Nu boga
mobil naekeun setoran, onderdil ngiluan naek sanajan kurs dollar
stabil jrrd nu akhirna ongkos naek ngaleuwihan kanaekan bbm,
pangpangna angkutan umum nu mobilna laleutik. Pokona bbm naek keur
sabagian jalma mah kasempetan keur naekkeun untung.
> 
> Tapi kuring mah keur rugi, pas bbm naek indit ka lahat sumsel make
mobil. Lumayan bengsinna mana jalanna goreng deuih. Ayeuna keur nginep
di baturaja, isuk balik ka bandung.
> 
> 
> Waluya
> 
>  ---- Pesan asli ---- 
> Dari: Rahman <[EMAIL PROTECTED]>
> Terkirim: 25 Mei 2008 2:47pm +00:00
> Ke:  <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
> Perihal: [Baraya_Sunda] Re: subsidi euy.... subsidi...
> 
> 
> 
> -----
 Dikirim menggunakan telepon selular Sony Ericsson
>


Kirim email ke