Sampura Sun
   
  Gan Oman, sanaos sim kuring teu terang kasang tukang sareng jujutan ieu 
acara, naha saha nu ngayakeun atanapi saha nu diulem.
  Namung dina pertelaan nu tos diserat, jentre pisan saha urang Sunda. Kumaha 
panampian aranjeunna. Da aranjeunna oge saenyana uninga yen Raden Wijaya teh 
putra Rakean Jayagiri (rajakumara/putra mahkota) nu nikah ka Dyah Lembu Tal 
putra Mahisa Campaka.
  Ramana Rakean Jayagiri teh Prbhu Gurudharmasiksa Sang Paramartha Mahapurusa/ 
Prbhu Sanghyang Wisnu. Namung anjeunna teu kungsi nyepeng kalungguhan raja 
Sunda, da pupusna anom keneh, nu mawi R. Wijaya dicandak ku Ibuna mulih ka 
Wewengkon Jawa (Singosari).
   
  Sakali deui, sanaos teu nyakseni acara, namung wibawa komara udang Sunda 
karaos asa pisan. Rasa kasedih kareueus para pamilon eta acara ge ku sim kuring 
tiasa karaos. Sok sedih mun ras kana kajadian bubat....... kacipta pisan 
wawanen Sang Prbhu Linggabhuwana sareng para sinatria Sunda nalika ijen jeung 
tamtama wilwatikta. Teu karaos cisoca noong tina juru panon 
dua................. nu geulis Dyah Pitaloka gugur di medan laga, nuturkeun 
sepuhna nu tiwas dipengperangan...........
   
  Gan...... teu wasa sim kuring neraskeunana.......... ah.... wilujeng 
we........ salam ka sadaya nu miang ka trowulan.........!!!
   
   
  Tubagus Taufik Iskandar
  nu calik ayeuna di Tatar Bogor
   
   
  
 


       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke