> "Abu Kasya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> munculna ormas ormas islam nu ngaku ngabela ka islaman karena efek 
> tina munculna golongan/ agama nu memang rek ngaruksak tatanan ka 
> islaman ti jero...

FPI lahir taun 1998, cikal bakalna ti PAM SWAKARSA bentukan tantara 
jeung Pulisi (Jaman Pak Habibie jadi Presiden, Wiranto jadi Pangab 
jeung Kapolda Jaya Nugroho Jayusman). Harita tantara hayang keneh 
kawasa, ngan mahasiswa demo wae, rek nyerebu gedung MPR. 
Keur "ngahalanganana" dibentuk PAM SWAKARSA nu marake baju jubah 
jeung marawa paneunggeul. SIng saha wae nu nonton TV, bakal nyaksian 
hal ieu. Pangakuan Jenderal Kivlan Zein, nu akhirna bentrok jeung 
Wiranto oge nguatkeun hal ieu.

Kadeukeutan FPI jeung tokoh tantara & pulisi jaman mimiti reformasi, 
geus rahasia umum. Malah deticom kamari ngawawncara Nugroho 
Jayusman, mantan Kapolda Jaya, perkara FPI da puguh sarerea oge 
nyaho kumaha deukeutna manehna jeung FPI.

FPI oge ngerahkeun massana ka pangadilan, keur ngadukung Adiguna 
Soetowo, anak Ibnu Soetowo nu mabok dibar Hotel Hilton, terus nembak 
pelayan bar ( tiasa ditingali dina arsp-arsip kora/ detikcom

Jadi FPI lahir teu leupas tina situasi politik 1998 ....

> hak asasi cenah milih agama ( ceuk ahmadiyah ) : hak asasi nu mana 
> nu rek di bela ? hak asasi golongan ahmadiyah nu teu leuwih ti 500 
> jelema ? atawa hak asasi 200 juta jelema umat islam nu kasigeung 
> kulantaran agama na di kotoran ku ahmadiyah ?

AKhmadyah geus aya ti taun 1925 keneh, asup ka Indonesia kulantaran 
diondang ku tokoh2 agama jaman harita. Malah ceuk beja putra KH 
Akhmad Dahlan nu ngadegkeun Muhammadyah, jadi pangagem Akhmadyah 
jeung nu nyebarkeun faham Akhamdyah di Thailand Kidul.

Tokoh Ahmadyah baheula aya nu jadi tokoh Masyumi, partey Islam gede 
jaman Orla. Jadi sabenerna baheula mah euweuh masalah ....

Ahamdyah teu ngalanggar Hak Azasi nu sejen, da teu maksa-maksa atawa 
ngahalangan nu sejen kudu ngiluan ka maranehna. Kuring ge saumur-
umur acan kungsi ngobrol atawa wawuh jeung urang Akhamdyah. Jadi 
kuring nu Islam "mainstream" teu ngarasa Hak kuring keur ibadah 
dihalang-halang ku maranehna.

Nu kuring hariwang, geus AKhamdyah, sieun mucunghul sasaran nu 
sejen. Sigana nu diarah kolompok Syiah, sabab geus aya kembangna. 
Geus kitu aliran kepercayaan .....

Baktos,
WALUYA

 








Reply via email to