> From: Abu Kasya
> Da lain FPI wae nu teu satuju ayana ajaran ahmadiyah, dalah di nagara
> dengeun wae ampir kabeh ngalarang tur nyesatkeun ajaran ahmadiyah.

Salaku urang Islam kuring teu satuju ajaran Akhmadyah, kuring sering macaan 
debat golongan ieu jeung Islam nu panglobana di millis-millis. Memang keur 
kuring leuwih teu dipikaharti. Ngan masalahna lamun jelema geus boga 
KAYAKINAN hese nagrubahna, kabuktian di millis-millis nu madungdengkeun hal 
ieu, ih sarua we papada ngotot. Malah aya nu milih "paeh" tinimbang kudu 
ngaganti kayakinan. Akhamdyah dibubarkeun, terus aya jaminan kitu, aliran 
ieu bisa leungit? Kayakinan aya di hate masing-masing jalma teu bisa diukur 
ku jalma sejen ....

Memang leres Pakistan oge, tempat lahirna Akhmadyah, teu ngaku Akhmadyah teh 
Islam. Tapi Pakistan lain keur conto, ieu nagara keur nuju "nagara gagal" , 
jelema silih serebu, silih paehan, masjid didurukan, pamimpinna silih 
dipaehan. Tah kuring mah embung Indonesia, komo Tatar Sunda mah siga 
Pakistan. Hayang damai we ......, moal maju-maju lamun terus-terusan kitu. 
Urang Pakistan jalmana palalinter, tapi kulantaran nagarana ribut terus, nu 
palalinter ngabrul kalaluar negeri  jiga Prof ABdus Salam, saurang Akhamadi 
jeung ahli fisika nu meunang Nobel. Nagara Pakistanna mah angger we nagara 
nu "Kakoyak-koyak" ku masalah kayakinan rakyatna (Sunni, syiah ...jrrd).

Naha Indonesia nuju saperti kaayaan di Pakistan? Kuring hariwang, mangga we 
aos warta-warta dinten ieu markas-markas FPI diserbu ku Garda Bangsa jeung 
Anshor. Marebutkeun naon atuh ieu teh?


Baktos,
WALUYA 

Reply via email to