Sigana tiasa ngan tangtos hasilna bakal sapertos Basa Indonesia sareng Basa
Malaysia..

On 6/18/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   On Wed, Jun 18, 2008 at 6:26 PM, Rahman <[EMAIL 
> PROTECTED]<rsyaifoel%40yahoo.com>>
> wrote:
> > Baraya,
> >
> > Kailhaman ku obrolan Kang MH jeung Teh D perkara basa Sunda di luhur,
> > kuring rek nyoba nguseupan ideu deui.
> >
> > Ari basa Sunda bisa teu disebut bsa ilmiah, atawa... aya kitu basa
> > Sunda versi ilmiah. Anu ceuk kang MH mah basa anu disebut 'alat bedah'
> > tea?
> >
> > Ceuk kuring mah SUWUNG euy. Sabab na?
> >
> > 1. Basa Sunda (BS) nepi ka danget kiwari ngan UKUR dipake dina raraga
> > komunikasi personal. Komunikasi jang nyambungkeun rasa.
> >
> > 2. Dina sajarah kabasan BS, taya bukti yen BS pernah dipake jang
> > nuliskeun hiji hal sacara obyektif, dina raraga panalungtikan ilmiah.
> >
>
> Kang RH, mun teu salah di UPI jurusan Basa Sunda, mahasiswa kaci nulis
> skripsi make Basa Sunda. Ngan ieu beja kudu dikonfirmasi deui, sabab
> harita asana manggih dina obrolan milis tatangga.
>
> Hal kadua, uing meunang beja ti Abah Surya, yen mahasiswa kedokteran
> UNPAD dibekelan pangajaran basa Sunda. Kaharti kituna mah, ngarah
> gampang ngajelaskeun rupa-rupa panyakit dina basa Sunda nalika
> maranehna tugas di daerah Tatar Sunda. Jiga panyakit "ambeyen",
> meureun leuwih gampang upama make istilah "nongtot bool", kitu deui
> "badul" alias "nongtot bujal" asa leuwih gampang kaharti tinimbang
> make isitilah basa asing.
>
> Eta dua conto di luhur, cukup teu keur bukti, yen lamun daek mah basa
> Sunda ge, bisa dipake pikeun basa ilmiah.
>
> salam,
> mh
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke