muhun, tapi keur abdi mah masi hese, kang Rahman
tapi sigana mun abdi teu ngalih ka jakarta mah seug tetep di lingkungan anu 
sapopoe bener2 make basa Sunda...panginten si kuring bakal tiasa
salah atu wadah Sastra Sunda ayana di UNPAD, mungkin juga Bogor atau Perguruan 
Tinggi nu sanes...duka tah.

Tapi di UI oge (FIB-UI) sastra Sunda teh ngan "saukur" hirupna ge dina jurusan 
Sastra Jawa, peminat lumayan banyak dari berbagai etnis...tapi kebanyakan hanya 
karena Wajib Jurusn, atau karena sekedar menambah kredit...

Urang Sunda na nu leres2 ti keluarga Sunda oge bahasa pengantar sehari2 di 
rumah memakai bahasa Indonesia, janten kumaha tah...ini memang problematik yang 
perlu dipecahkan serius. Pertanyaan simple saja "mengapa Sastra Jawa alias 
Jurusan Jawa ada, tetapi Jurusan Sastra Sunda teu aya di UI?"

AMBU




----- Original Message ----
From: Rahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, June 18, 2008 5:26:04 PM
Subject: [Baraya_Sunda] basa Sunda... basa ilmiah?


Baraya,

Kailhaman ku obrolan Kang MH jeung Teh D perkara basa Sunda di luhur,
kuring rek nyoba nguseupan ideu deui.

Ari basa Sunda bisa teu disebut bsa ilmiah, atawa... aya kitu basa
Sunda versi ilmiah. Anu ceuk kang MH mah basa anu disebut 'alat bedah'
tea?

Ceuk kuring mah SUWUNG euy. Sabab na?

1. Basa Sunda (BS) nepi ka danget kiwari ngan UKUR dipake dina raraga
komunikasi personal. Komunikasi jang nyambungkeun rasa.

2. Dina sajarah kabasan BS, taya bukti yen BS pernah dipake jang
nuliskeun hiji hal sacara obyektif, dina raraga panalungtikan ilmiah.

Eta dua kaayaan kabasan BS anu disebut di luhur teh dibalukarkeun:

a. Urang Sunda teu pernah diajar basa na sacara akademis. Dina harti,
iraha urang Sunda (boh SD, SMP, SMA) meunang pelajaran MAKE basa SUnda
sacara ajeg?

b. Ku kitu na, urang teu boga kabiasaan nulis jeung ngomong dina BS
perkara saluareun perkara pribadi. Taya kabiasaan urang Sunda nulis
dina BS perkara anu obyektif. Pernah nuliis paper ilmiah dina BS?

Kulantaran kitu, coba usahakeun jeung bisasakeun nulis dina ieu forum
(perkara naon we lah da kaci!)dina bsa Sunda. Teu kudu kagok atawa
era, anu penting mah biasakeun nulis dina BS. Tip ti kuring, coba pake
basa panengah ngarah teu kagok!

Susuganan ieu teh mangrupa salah sahiji upaya jang ngilmiahkeun basa
indung urang.

baktos,

Rahman

    


      

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke