tah kapanasaran kuring ge sarua kang rahman.
naha kagoiban kutub, naraka, jeung sawarga bet dihijikeun. padahal mah
aya beda nu kacida bedana cek kuring mah. najan enya kutub teu
katingali, teu karampa, teu kaambeu, teu karasa (ku nu cicing wae di
khatulistiwa) tapi da aya bukti nu nuduhkeun sahenteuna nyebutkeun aya
jalma nu kungsi kaditu bisa balik deui, terus ngadongeng... jeung
lamun hayang ngabuktikeun sorangan ge rarasaan masih kahontal ku awak.
teu cara lamun hayang ngabuktikeun naraka atawa sawarga nu kudu
ninggalkeun heula awak (nu pikabetaheun ieu) salilana....

jadi goib teh nu kumaha atuh? naha nu parebut ayana kutub jeung nu
parebut ayana naraka disaruakeun kitu?

On Wed, Jun 25, 2008 at 3:47 AM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Aschev Schuraschev
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>
>> Goib hartina henteu bisa diyakinkeun kalawan indriawiah, teu katenjo,
>> teu kadenge, teu karampa jeung teu karasa. Kutub Kidul jeung Kutub
>> Kaler, naraka jeung sawarga teh goib. Gusti Alloh Maha Goib.
>>
>
> Nuhun Kang AS,
>
> Punten ... belet kuring mah, lebeng teu kaharti... dibaca bulak balik,
> naha bet dekok bae geuning nya keur kuring mah nya?
>
> Hiji heula, alinea di luhur maksud na kumaha nya? Sigana mah aya dua
> konsep anu dicampuradukkeun? Ari Kutub Kidul jeung Kaler teh konsep
> goib karah? Naon maksudna mun tea mah kosep 'perkutuban'make bisa
> dianggap goib sagala? Percaya kana konsep kutub kaler-kidul sarua
> jeung percaya/yakin kana konsep kapangeranan kitu?
>
> Ari konsep abstrak teh sarua jeung konsep goib kitu?
>
> Punten... murudul pertanyaan kuring euy Kang! :)) Susuganan mun aya
> jawab na bisa rada kaharti.
>
> baktos,
>
> Rahman
>
,___

-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke