--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Ema Sujalma" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ceuk simdewek mah, surga jeung naraka mah ayana dina rasa > tah, jiga kang rahman nyitir sesuatu nu abstrak > nu masihan terang teh ngan rasa... > menikmati lukisan abstrak teu tiasa ku panon bolostrong NAON ? > tapi ku rasa...(feel) >
Kang Dud, Kang ES, Kuring pernah nulis di ieu milis sababaraha waktu ka tukang. Ngabandingkeun 'kayakinan agama' jeung 'elmu pangaweruh' siga rel kareta! Duanana diperlukeun manusa sangkan nepi ka tujuan. Kareta moal bisa maju mun rel nu hiji leuwih luhur tinimbang nu sejen. Dua2 na kudu balans... mun teu kitu pasti tikusruk! ANu jadi kaanehan manusa mah sok hayang nyoba2 ngilmiahkeun kayakinan atawa ngaagamakeun elmu pangaweruh! Antuk na jadi ngalilieur sorangan, sabab "logika" (ngahaja make tanda petik) kaimanan beda jauh jeung logika elmu pangaweruh. Ibarat rek maen badminton make aturan tinju he he he... teu nyambung! Agama jeung kayakinan nungtun manusa dina domain rasa. Anu karasa ku kuring PASTI beda jeung anu karasa ku lanceuk kuring. Urusan rasa mah moal bisa didiskusikeun. Pangalaman transendental kuring tangtu beda jeung indung kuring. Bisa dibandngkeun jeung pangrasa urang dina raraga apresiasi seni. Mun karesep kuring dangdut.... tapi karesep adi kuring jazz, naha karesep kuring kana dangdut leuwih 'bener'tinimbang karesep adi kuring kana jazz? Agama boga tugas jang nerangkeun rasa. Tapi elmu pangaweruh boga tugas jang nerang hukum alam. Duanana jang kapentingan manusa, sabab diciptakeun ku manusa. Ah meureun ketah... tamba hanaang! :)) baktos, Rahman