2008/7/7 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
>
> Bukti2 nu aya nunjukken yeh doktrin urang NGANGGAP yen eta dua agama
> teh teu bener. Padahal 75% sarua eusi na. Eta teh kaitung SUBSTANSIAL
> ceuk kuring mah. Aya tilu conto sasaruaan anu kabeneran kaobrolekun
> dina ieu forum: 1. masalah riba, 2. aturan halal haram kadaharan, 3.
> anggapan ka manusa homoseksual... Coba runtuykeun deui sasaruaan nu
> sejen na.
>
@
Dina logika mana wae oge, nu namina SAMI = SARUA teh kedah 100%.
Padahal AYA substansi nu benten antawis kitab anu ayeuna nyampak di
hareupeun urang (misalna: Qur'an vs. Bibel). Lantaran substansina oge
henteu 100% sami, urang teges nyebatkeun yen eta kitab-kitab nu
nyampak AYEUNA mah silih beda hiji sareng nu sanes.

> Mun skripsi atawa disertasi Kang Dian dicopy 75 % ku kuring, terus
> kuring nganggap yen disertasi Kang Dian teu eucreug bin salah, kudu
> kumaha nyikepanana? Terus dina disertasi kuring teh deuih make ngekeak
> tulisan Kang Dian sorangan, bari nganggap kuring sorangan leuwih
> otentik tinimbang disertasi Kang Dian?
>
> Bingung pan?
>
@
Henteu kedah bingung margi henteu salawasna anu heubeul langkung leres
batan nu anyar. Lamun aya 75% anu sami, hartosna anu 75% ieu teh masih
dianggap LERES ku nu anyar. 25% na dirobah lantaran dianggap salah
atanapi teu cocog deui.

Margi sumber teks sagala kitab Qur'an, Bibel, Talmud teh mangrupa
LISAN ti nabina sewang-sewangan (Musa, Isa, Muhammad). Mangka
kasalahan teh tiasa lantaran kasalahan anu nyatet atanapi nu neruskeun
bejana.

>
> Ngarah teu salah harti, lain kuring rek melaan batur. Ngan kuring
> hayang nempo ieu KANYATAAN babarengan jeung baraya sejen sacara
> proporsional we. Ngarah teu jomplang! ;))

@
Mangga :-)

> Poin ieu aya hade na dipariksa deui. Ngan kanyataannana, dina kitab
> suci mana wae oge natrat pisan INKONSISTENSI. Bisa jadi ieu
> inkonsistensi teh kulantaran nu hiji copy paste ti nu sejen? Hiji hal,
> nu anyar PASTI copy paste ti nu leuwih heubeul. Sacara logika MOAL
> bisa ditarima, nu heubeul ngopy ti nu anyar! :))
>
@
Anu abdi maksad sanes inkonsistensi hiji kitab sareng kitab sanesna
.Nanging (in)konsistensi ieu dina DIRINA sorangan. Misalna abdi
nyebatkeun yen hiji teh tilu. Abdi konsisten teu? Teras misalna abdi
miwarang sumembah ka Alloh di hiji halaman. Tapi di halaman sanes
miwarang sumembah ka jalma, padahal disebatkeun Alloh teh sanes jalma.
Abdi konsisten teu?

> Mun ditilik tina filologi mah. Taya teks anu sampurna. Loba fakator2
> ekstern anu mangaruhan ROBAH na hiji teks. Integritas teks KUDU
> dianalisis deui make intrumen2 anu integral jeung kaayaan harita.
> Terus kudu dibaerngan ku analisis evolusi budaya na.
>
> Ieu ge berlaku keur teks kitab suci urang.
>
@
Muhun. Kukituna diparios, mana anu langkung tiasa nyumponan kriteria
integritas teks ieu. Dina hartos, langkung sakedik kamungkinan bedana
sareng sumberna (Nabi).
>
> Ari ceuk kuring mah, urusan salah-bener teu aya sangkut paut jeung
> eusi teks, tapi leuwih nyangkut jeung RASA urang. Kuring ngarasa teks
> kuring bener. Tapi Si Avram urang Yahudi NGARASA teks na nu bener.
> Komo deuih.... teks na apan sarua he he he. Anu jadi kahanjakal kuring
> mah, AYA manusa anu ngarasa teks na LEUWIH bener tinimbang nu sejen.
>
@
Sateuacan kana masalah rasa, mangka geura diparios heula nganggo dua
kriteria kasebat.

--
Dian.

Kirim email ke