Duit judi dihasilkeun tina- atanapi digolangkeun dina kalakuan judi.
Baju Yves dihasilkeun tina kalakuan homo? Sanes. Baju mah dihasilkeun
tina nyusun benang ditinun jadi lawon, lawon dikaput jadi baju. Taya
hubunganana sareng kalakuan homona. Sabalikna urang terang yen
kalakuan homo teu ngahasilkeun barang nanaon, taya mangfaat nanaon.

Syair, lirik, lagu, gambar teh ekspresi. Sapertos urang ayeuna
ngobrol, nyerat. Halal-haramna gumantung eusina tur niat
ngedalkeunana. Upami niatna ngahina, ngajejeleh batur, ngagulkeun
diri, nyembah/ngidola salian ka Nu Hak, ngadorong sangkan maksiat, ..
jelas teu kenging.

Dian.

2008/7/14 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
> Kang,
>
> Aya hiji 'masalah' keur kuring yeuh.
>
> Mun tea mah enya kitu yeh homo teh kaum tukang nyieun dosa, naon jeung
> kumaha hukum na mun urang nu LAIN homo make jeung migunakeun barang
> jeung jasa buatan homo?
>
> Analogi na kieu, pan urang ge diharamkeun mgunakeun duit hasil (atawa
> anu patali jeung judi) lin? Urang ge TEU meunang make barang jeung
> jasa buaan homo kitu?
>
> Anu kacipta. Kuring TEU meunang ngadengekeun musik Queen. Kang Freddy
> Mercury pan homo. Paeh na ge ku aids deuih! Musik na Geroge Michael,
> Elton John jlte. HARROOOM???
>
> Mu indit ka Roma, nempo karya seni buatan Michaleangelo haram deuih?
> Atawa maca tulisan2 Leonardo Da Vinci oge harooM. Pake papakean Yves
> oge kumaha hukum na?
>
> baktos,
>
> Rahman
>

Kirim email ke